Carpon, Galura, Nina Rahayu Nadea

Nyervis Hate

1
(1)

“Hapunten paling énjing abdi ngabujeng ka bumi.” Kuring ngirim WA ka hiji jalma nu ngaranna Dani. Dibéjaan ku babaturanna cenah meunang no WA kuring téh. Tivina ruksak, gambar nu aya ngan sapotong. Kahayang mah kuring gé harita indit, inggis nguciwakeun konsumén. Tapi dalah dikumaha keur loba gawéan. Alhamdulillah pandemi téh keur kuring mah berkah. Tiap poe teu weléh loba orderan. Ngoméan barang elektronik.

Mangsa sasalad covid sumebar, loba masarakat caricing di imah sarta taya deui hiburan, iwalti tip, tivi, HP, komputer. Barang-barang nu bieu disebutkeun mémang dalit jeung kuring.Unggalpoéulukuteuk dina urusan ngomé barang éléktronik.Tukangnyérvis barang elektronik, kitu ka kuring pada nyebut téh. Barang éléktronik ramé deui. Loba nu geus diculkeun dianggap runtah, ayeuna dipaké deui.

Béda meureun jeung kondisi normal lantaran masarakat gawé siga biasa, ti isuk nepi ka soré kalawan noron ti Senén nepi ka Saptu. Ayeuna mah nu digawé gé pan bagilir teu pulti Senén nepi ka Saptu, ceuk béja pan kudu 70% WFH, 30% WFO. Tah nu WFH geus kajudi naon aktivitas di imah arilainnongtonatawangadéngékeun musik mah.

“Ieu alamatna.” Manéhma ngirim balesan.

“Nuhun.” Dijawab pondok.

Isukna. Kira jam 5 soré kuring datang ka imahna. Teu hésé neangan imah Dani. Aya di tungtung komplék. No 19 hareupeun tangkal buah.Nurut kana aplikasiti nu HP. Tinggal klik Jalan Seruni No. 19, anjog hareupeun imahna.

“Sok ka jero.” Hiji lalaki sapantaran kuring ka luar ti imah. Nitah asup.

Teu kalékéd kuring muka gerbang, ngajanteng lebah lawang, sabot nu boga imah ka jero.

“Sok,didieu.”Manéhnangagupay.Kuring langsup asup ka imah, diuk dina korsi nu aya. Dani ninggalkeun kuring,teu lila geus datang bari mawa tivi sarta diteundeun luhureun méja. “Dua poé teu hurung waé. Rajeun aya, gambarna ngan sapotong,” cenah ngécéskeun panyakit nu karandapan ku tivi.

Kuring ngilikan tivi, mariksa komponén di jerona.

Baca juga  Néang Raratan

“Naonna cenah?”

“Rupinan ICCOF tos teu jalan. Ké wé urang tingalan deui.” Kuring ngajawab halon, anteng kana komponen tivi hareupeun.

“Leuh kudu meuli heula nya?” Manéhna garo-garo teu ateul.

“Abdi tos nyandak, Kang. Mudah-mudahan cocok. Pamiteu cocok ké abdi ka jalan heula. Dupi toko éléktronik tebih ti dieu?”

“Deukeut. Tukangeun komplék.”

“Muhun ke manawi nu ieu cocok.”Kuring nyarita angger lemes, teu miduli ka manéhna nu ngomongna kasar, nyoplokeun komponentiviterusdiilikanmasing gemet. Anteng sorangan da ka ditunamah Dani gé anteng di kamarna. Kadéngé wé manéhna nyarita kasar, duka jeung saha.

Jam di imahna kadéngé disada genep kali waktu panto hareup aya nu muka bari jeung uluk salam, Kuring ngarérét. Gebeg…. ningAnti.

“Euh, ning…Kang.” Teu kebat basa aya Dani datang.

“Naha jam sakieu karék balik?” Katangen ambek.

“Tadi aya meeting ngadadak.”

“Kabiasaan tara nyarita heula. Jajauheun ka ménta idin.”

“Ngadadak, Kang.”

“Pan bisa nelepon atau WA heula. Teu ngahargaan salaki di imah. Ngahaja?!”

Kuring maling rérét kanuanyar datang. Keur ngeluk tungkul. EnyaanAnti….Angger geulis ning.

“Sanés kitu, Kang.” Anti nuturkeun Dani nu asup ka kamar.

Ah, beut aya nu ngajeletit kana haté. Keuheul ka nu nyarékan. Mangkarunyakeun ka nu anyar datang.Teuboga rarasaantahDani, cing atuh nyarékan téh tong hareupeun batur. Sabaraha lila maranéhna hog-hag di rohang séjén. Kuring nyervis tivi asa teu pararuguh, hayang geura bérés. Tina 4 IC nu dipasang, hijiteu bisa jalan.Untung ICnuaya cocok jeung nu dibawa ti imah. Jadi teu kudu meuli ka toko tukangeun komplék. Parabot nu dibawa langsung dibéréskeun. Sanggeus dipastikeun tivi hurung mah.Kitu deui anténeu dicobaandigilir gilir,mastikeuntivi hurung kalawan gambar écés jeung sorana jelas. Hayang geura bérés. Hayang ninggalkeun ieu imah nu asa teu puguh.

“Bérés?” Dani nyampeurkeun.

Parantos,Kang.Mangga cobian heula.”

Dani ngahurungkeun tivi. “Hadé ayeuna mah.” Dani ngilikan tivi. “Sabaraha?”

Baca juga  Joli

“150, Kang.”

“Mahal-mahal teuing. Pira ICna wungkul. Tujuh lima nya?”

“Leuh teu acan kenging, Kang.” Rada keuheul ka nu nawar sangeunahna.

“Saratus lah.”

“Muhun, mangga.” Ningali ku jurupanonnukeurnyusut cipanon. Ka luar ti kamar ngaliwatan kuring.

“Ti. Saratus ceunah!” manéhna ngagorowok.

“Kedap.” Kadéngé sora gejeburna gayung kana bak. Teu lila Anti ngurunyung. “Sabaraha, Kang?” Anti nanya ka Dani.

“Saratus cenah. Padahal pira IC. Akang ka cai heula!” Dani ngaléos ka tukang, ningalkeun kuring jeung Anti nu hareugeueun sakedapan.

“Ning tiasanyervis ayeunamah, Kang. Teu nyangki.”

“Kapaksa, Ti. Ku kayaan.” Kuring ngarénghap. “Enya nasib urang mah benten pisan, Ti.Alhamdulillah Anti mah tos senang. Bumi nyalira di komplék. Akang mah angger wé di saung butut jeung Ema.”

“Ah, pasangki-sangki, Kang. Komo Anti geuning bet…” Anti ngarahuh. “Bumi ieu mah ngontrak.Antimah sagala kunyalira, Kang. Alhamdulillah Akang gaduh pacabakan, benten jeung pun lanceuk nu ngaligeuh.” Luk Antitungkul. “Kasar pisan deuih.”

“Sanés di Proyek Megantara?”

“Nyéta asa dibobodo Anti téh. Rumaos pipilih nyiar nu leuwih kocéplak meunang nu pécak.Ti kapungkur gé teu damel, Kang. Hapuntenabdinya,Kang. Enyaananti dosa pisan ka Akang.”

“Ih, teu kénging kitu. Justru Akang kedah nganuhunkeun.”

“Nganuhunkeun naon?Anti nu gaduh dosa, naha Akang nganuhunkeun?”

“Masih émut radio téa nu di ka akangkeun?

“Tangtos.”

“Éta radio jadi obat salamina keur Akang. Radio kameumeut. Sasat digulanggapér unggal waktu. Ngabébénjokansagala rasa. Kasono Akang ka Anti kaubaran iwal ku ngagugulung radio. Ditatap diusap unggal waktu.“Kuring nyarita rada ngahelas. Inget kana pangalaman nu geus kaliwat.

“Hiji mangsa mah radio téh teu disada. Capeueun sigana bakat ku dipeleter. Sedih nataku, Ti. Rék nyérvis ka batur eungap…Anti apal sorangan Akang mah pengangguran. Matakna Anti ningalkeun Akang gé.”

“Duh. PuntenAnti,Kang.”Anti ngised diukna.

“Ti dinya Akang usaha sorangan. Ngoprék radio sangkan hurung.Duka kumaha carana da harita bisa hurung. Ti dinya diajar ngoméan tivi nu geus taunan ngajugrug, alhamdulillah hurung deui. Teu kalis ku kitu, baranya mikeun barang éléktronik nu ngajugrug pikeun dijieun bahan percobaan. Antukna patatalépa majar Akang bisa nyérvis elektronik. Berkah nepi ka ayeunanyérvis téhjadi pangupa jiwa, Ti.Enyaan justruAkang nu kudu nganuhunkeun ka Anti.”

Baca juga  BEBEGIG

“Sakali deuiAnti nyuhungkeun dihapunten,Kang.”Anti ngaragap leungeun kuring. Rék dikejetkeun. Ngan leungeunna karasa pageuh.

“Teu nanaon atuh, Ti. Pan kedahusaha.Liannyervis éléktronik téh kedah tiasa ogé nyérvis nu sanes.”

“Nyervis naon deui, Kang?”

“Nyervis haté.” Kuring seuri, nyeuihkan geter nu nalingkung diri. Panineungan nu geus lawas beut narémbongan. Nu dipimeumeut salila ieu beut aya hareupeun. “Akang kudu hojah ngarah bisa nata ka hareupna. Ti harita gé Akang mah ridho,Ti. Rumasa acan tiasanyugemakeunsasaha.Pokona sing percaya kaAkang.AnggurAnti sing bagja. Bungah enyaan Akang ayeuna panggih jeung Anti. Méh sagalana bruk-brak.“Kuring nyarita panjang lebar. Asa dibéré lolongkrang ku Anti. Sasat mobok manggih gorowong aya jalan komo meuntas.Tilu taun ka tukang ditingalkeun kuAnti, diputus hubungan sapihak. Kuring ngorék informasi néangan Anti ka ditu ka dieu hayang aya penjelasan. Ti babaturanna meunang béja yénAnti milih hijilalakinucenahjegudsarta gawé di Proyek Megantara. Mimitina harendeg, nahaAnti beutteu jujur, tapi kadieunakeunsadar kananaon nu tumiba.

“Ti, pangnyokotkeun sabun… ieu murag ka nu wésé,” jorowok ti kamar mandi bareng jeung Anti getak nangtung ngalésotkeun ranggeuman leungeunna.

“Sakedap!” Anti lumpat muru ka cai. “Ieu artosna, Kang,” Anti ngeupeulkeun duit basa geus datang.

“Teu kedah. Tos wé. Haratis kanggé Anti mah.”

“Énjing ka dieu deui, nya?”

“Nyérvis naon deui?”

“Nyérvis hate Anti!” ***

Average rating 1 / 5. Vote count: 1

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: