Carpon, Elih Herlina, Galura

Samping Kebat

1.5
(2)

Ngarumasakeun manéh kuring mah budak pangogoanana di antara opat sadulur. Ceu Mimin nu panggedéna, pangsoléhahna. Kang Aan nu kadua, bageur tur tanggung jawab. Nu katilu Kang Dadan, sarua bageurna mah, ngan pamajikanana sok rada pikasebeleun. Sagala kahayang kuring teu weléh pada mupujuhkeun. Ema mah komo deui, ka kuring téh lir ibarat nanggeuy endog beubeureumna, ceuk paribasa téa mah. Inget ari keur ngariung Ema teu weléh nitip-nitipkeun kuring ka saréréa, bari ngawurukan.

“Sing alakur jeung dulur téh nya! Poma ulah pakia-kia. Engké mun Ema geus teu aya tong nepi ka aya papaséaan. Nitip Si Ati, Si Bungsu adi hidep saréréa. Mihapé pangapingkeun, perhatikeun bisi aya pangabutuhna. Saréréa nyaho sorangan manéhna uyuhan hirup ogé, basa dijurukeunana ogé ngan sagedé botol, ku Ema ditiupan téh, jaba ririwit.”

“Mangga Ema, diéstokeun pisan, Ati mah keun urusan abdi.” Walon Kang Aan.

“Muhun, Ma, tong seueur émutan, Ati mah da henteu nunggelis, jabi Jang Andi carogéna ogé sakitu deudeuhna.” tembal Kang Dadan.

“Ema, Ati mah adi kameumeut abdi, keun aya itu ieu mah kumaha abdi.” Ceu Mimin ngéngklokan. Bener pisan, ka Ceu Mimin mah teu asa-asa, aya kahayang nanaon ogé tara ngorétkeun, kituna téh sarua jeung salakina. Puguh meunang hayang, adi awéwé téh, matak ti leuleutik kuring mah jadi bonéka Ceu Mimin, boga nanaon jang Ati. Ka mana-mana tara tinggaleun, ditutungtun, ditutuyun, nepi ka geus rarabi ogé teu laas kanyaahna.

Papatah Ema ampir unggal ngariung téh kitu jeung kituwé. Sok rada keuheul ka dahuan nu kadua, lamun ngadéngé amanat Ema téh sok juba-jebi. Tina kituna tara ieuh dipikiran. Keun baé kumaha kahayangna.

Kuring bumén-buménanggang ti lembur. Lain teu hayang ngariung, atuda kabawa ku salaki nu dinesna di kota. Kabeneran kuring ogé bet kabiruyungan diangkat gawé di dinya, jadi guru TK. Teu jauh ti imah tempat gawé téh, ngan ukur saratus meteran, jadi barudak katalingakeun sanajan kuring digawé ogé. Harita téh keur di kelas, basa Ceu Mimin nelepon.

Baca juga  Néang Raratan

“Ti, mun bisa ka dieu ayeuna, Ema hayangeun panggih!” kitu pokna téh

“Duh Ceu, kumaha nya, Kang Andi nuju dines ka luar kota, abdi raridu nyandak budak satilu-tilu, jaba aralit kénéh.” Ngajawab téh saujratna, puguh enya bingung hésé ngaléngkah ku barudak.

“Euh kitu, enya atuh, engké wé mun Jang Andi geus bérés tugasna geuwat ka lembur nya!”

“Mangga Ceu, naha kumaha kitu Ema Téh, teu damang?”

“Kitu wé biasa gering kolot, ngan hayangeun panggih jeung Ati, cenah geus asa dina kongkolak panon.”

“Muhun Ceu, Insyaa Allah saẻnggalna abdi ka lembur.”

“Enya sok, kadé barudak nya!”

Kabeneran téh, salaki dinesna ditambahan, nu kuduna tilu poé jadi tujuh poé. Kapaksa acara mulang ka lembur ogé jadi mulur. Basa nepi ka lembur Ema tos diriung-riung, tos teu lebet cai-cai acan. Teu kungsi sajam ti kuring datang, Ema dipundut ku Nu Rahayu dipẻnta ku Nu Kawasa. Sigana nungguan heula kuring, Si Bungsu nu dipikamelang.

Pangnyeri-ketirna dina lalampahan hirup, nyaéta mangsa ditinggalkeun maot ku nu jadi indung. Bumi alam asa tungkeb, sagala kasalahan ka indung atra narémbongan. Alam dunya angkeub taya cahara. Nu matak jadi peurih pisan mah ku teu ngalaman ngurus mangsa teu damangna.

Peurih pisan, mangsa adzan ngalanglayung tina liang kubur, mangsa ditalkinkeun, terus diurug ku taneuh beureum. Teu kawawa, ngarumpuyuk dina sisi kuburan. Diparayang rék dibawa mulang tapi kuring nolak. Ieu mangsa panungtungan kuring ningali jirim indung nu dipikacinta tur mikacinta nu taya kendatna. Réngsé ngadu’a, saukur tinggal tetengger nu jadi ciri. Indung tos aya di kalanggengan, alam padang poé panjang nagara tunjung sampurna. Enya, Ema tos sampurna, jadi indung nu mikahéman ka anak-anakna teu pilih kasih, tara cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng. Jadi istri nu ngabakti ka salaki, saumur hirup can ningali Ema baha kana paréntah Apa, istuning satia satuhu ka nu jadi salaki, saurna salaki téh pangẻran di dunya, kitu piwurukna. Mulang ti makam duka kumaha, inget-inget geus aya di kamar.

Baca juga  BEBEGIG

Teu karasa, ti poé ka poé téh pinuh ku rasa sungkawa. Harita geus poé katujuh Ema ngantunkeun. Ceu Mimin geus mérésan barang-barang Ema nalika jumeneng. Imeut taya nu kaliwat. Kabéh digundukeun, utamana mah anggoanana.

“Sok geura marisahkeun bisi aya nu dipikahayang, simpen keur jimat! Sésana urang bagikeun ka nu butuheun, utamana mah para pakacar nu sapopoé babantu di dieu.”

“Éta wé nyungkeun sinjang Tiga Nagri abdi mah,” ceuk dahuan nu kadua. Manéhna mah pangcéngosna. Ti poénan kénéh ogé geus beberengkes, permadani candak ti Mekah, lampu kristal kenang-kenangan ti dunungan Apa basa rék mulih ka nagrina, jeung réa-réa deui. Barang-barang nu haradé mah geus dipisah-pisahkeun, disusupkeun di kolong ranjang di kamarna. Ếta bẻja tiBi Sumi, pakacar satia Ema.

Asa rada keuheul ka manéhna mah. Pédah salakina anak lalaki jadi asa kumawasa pisan. Ari ka kuring sok ngamaru waé. Dahuan nu hiji deui mah sabalikna, tara loba omong tara loba ceta. Manéhna malah nu pangtanggungjawabna, “Si Akang anak lalaki panggedéna jadi kudu tanggung jawab ka Ema jeung ka dulur-dulur awéwéna,” kitu cenah pamadeganana.

“Aéh enya, sok atuh hiji séwang! tapi Tiga Nagri mah ngan aya tilu. Enya atuh pékwé jang hidep tiluan! Baé jang Euceu mah ieu wé mukena.”

Lanceuk nu ieu mah soléhah pisan. Si Euceu nu teu weléh ngéléhan lamun dina urusan harta mah, tapi dina urusan karerepet, manéhna nu panghareupna. Mangsa Ema teu damang ogé pan Si Euceu nu pangdokohna. Ngurus Ema ti mimiti katerap dugi ka hanteuna. Kituna téh sarua jeung Si Akangna anu soléh, léah dititinggalkeun, jaba ngurus barudakna satilu-tilu. Kuring mah rumasa tambélar, mangsa Ema teu damang teu kaburu ngilu ngurus, kapegat ku anggang jeung boga budak leutik.

Baca juga  Joli

Bari ngulak-ngilik samping kebat, ceg kana samping awi ngarambat urut pangais kuring baheula. Apal kénéh, harita kungsi digégél alatan ngadat hayang és bonbon, teu dipasihan da waosna bisi keueuseun, saurna. Éta samping aya kénéh sanajan geus lalayu sekar. Samping diusapan, lalakon kuring keur leutik, natrat narémbongan. Karasa peurih, ari ras ku kalakuan nu sok mindeng ngajaheutkeun manahna. Karasa asih indungnu teu laas-laas. Matak kacida ngarumasna sanggeus Ema teuaya. Asa euweuh salidunganeun sanajan aya salaki tur lanceuk-lanceuk nu sakitu nyaraaheunana.

“Nu ieuwé Atimah, mangga ieu Tiga Nagri mah kanggo Euceu.”

“Naha, kunaon ari Ati? Pan éta mah geus butut. Tadina ogé da moal dibagikeun, éta mah jang elap.”

“Wios Ceu, lalakon abdi sareng Ema aya di dieu, dina ieu sinjang. Abdi mah teu hoyong nanaon deui.” Bari reumbay cimata samping dikeukeuweuk diteueulkeun kana dada, karasa geter kacintana nyaliara.

“Emaaa!”

Cimata nu nalaga dina kongkolakna bedah saharita.

Patrem_Geulis, Desember 2020

Average rating 1.5 / 5. Vote count: 2

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: