Agus R Munggaran, Carpon, Tribun Jabar

Buah Hate

5
(1)

BELEDAG, bal plastik ninggang kana sirah lalaki nu keur leumpang sisi lapang. Lalaki nu kaciri leuwih kolot batan umur sabenerna. Papakéanana semu kucel jeung buukna cawigwig. Barudak pating beretek, paheula-heula ngudag bal. Gentak éta lalaki téh ngalieuk.  Manéhna ngagebeg. Tuluy kawas nu keur nelek-nelek ka barudak nu keur lalumpatan, ngadekeutan manéhna. Geuning Si Ojat, ceuk dina haténa, bari mencrong ka budak lalaki nu panghareupna ngudag bal.

“Ojat?! Geuning manéh téh di dieu?” ceuk éta lalaki kawas nu ngomong ka dirina sorangan. Panonna terus ngawaskeun ka hiji budak. Nu dipelongkeunana mah haré-haré.

“Yap, ka dieu kasép!” ceuk éta lalaki deui. Ngomong kituna téh bari dua leungeunna ranggah kawas nu rék mangku.

Budak nu pangheulana lumpat ngarengkog semu reuwas. Tuluy undur-unduran, sieuneun. Ngan teu kaburu ngajauhan da kaburu katangkeup ku éta lalaki. Budak teterejelan hayang leupas, bari jejeritan ménta tulung. Tapi nu nangkeup mingkin pageuh.

“Tulung…! Tuluuuung…!” Budak teu eureun ménta tulung.

“Ieu Bapa, Jat. Bapa hidep,” ceuk éta lalaki daria naker. Sorana semu dareuda.

“Culik! Aya culik…!” Barudak réang, singcorowok. Tagiwur.

Jalma-jalma nu teu jauh ti lapang rungah-ringgeuh. Geus karuhan sora téh datangna ti lapang, tuluy lalumpatan muru lapang.

“Héy! Leupaskeun!” ceuk budak ngora jangkung gedé nu nyampak geus tukangeun éta lalaki. Ngomong kituna téh bari meupeuh puhu ceulina. Nu dipeupeuh ngaheunggeu bari nungkup sirahna. Budak leupas tina tangkeupanana.

“Ampun…. Abdi mah sanés culik,” ceuk éta lalaki, sorana semu ngaharegung. Nu séjén teu ngaengkékeun deui, buk-bek milu neunggeulan, najongan. Nu ampun-ampunan euweuh nu ngawaro. Antukna ngedeprek bari gegerungan. Baloboran getih. Ampir-ampiran mun seug teu kaburu aya nu nyarék mah.

Baca juga  Guarjja yang Membawa Kesedihan

“Eureun…! Eureun…!” Ceuk hiji lalaki maké seragam pagawé turun tina motor, tayohna nu karék balik digawé. ”Nanaon ieu téh? Ulah gagabah, nyiksa jalema sakarep ingsun!”

“Ieu nu rék nyulik budak, Pa RT. Untung katohian mantén,“ ceuk nu ngerepuk tadi, raéng.

“Tapi lain kitu carana! Pasrahkeun ka nu berwajib ari enya salah mah,” ceuk RT deui. muncereng. Nu tadi raéng jarempé taya nu nyora.

“Ayeuna mah bawa heula ka rumah sakit. Ajak Si Juha bendahara RT, bisi kudu aya adminitrasina,” ceuk RT deui.

“Hayu, hayu…!” Nu ngariung raéng deui.

“Odi, barengan Bapa ka kantor pulisi,” ceuk RT ka Si Odi, pamuda di dinya.

Nu ngudupruk dijungjungkeun ku para pamuda, tayohna kapiuhan, geus hésé ditangtungkeun. Katembong  engapanana  semu eungap. Beungeutna baloboran getih. Regeyeng ditaekeun kana motor Juha nu tadi disusulan, diapit dina pangboncéngan.

Bring saréréa ngajugjug rumah sakit. RT jeung Odi mah muru ka kantor pulisi.

***

GEUS  aya kana sabulanna leumpang sakaparan-paran. Léngkahna  ukur nuturkeun indung suku, teu puguh nu dituju. Rangsel belél digagandong, pinuh ku babawaan. Eusina potrét nu dipiguraan jeung pakéan anak lalakina. Potrét nu sakapeung dijingjing ku leungeun katuhuna téh sok ditémbongkeun ka unggal jalma nu ngariung. Natanyakeun sugan manggihan anakna, bari song némbongkeun potrét. Tapi nu ditanya garideug teu arapaleun.

Basa nepi ka hiji warung kabeneran loba nu keur ngaropi, blus manéhna asup. Sanggeus gék diuk tuluy nyokot goréngan jeung ménta cai entéh haneut. Ukur keur ganjel beuteungna nu kukurubukan ménta dieusi.

Sabot ngopi, potrét anakna dikaluarkeun, ditembongkeun ka nu keur araya di warung. Kawas nu enggeus-enggeus, taya nu kungsi panggih.

Baca juga  Joli

“Potrét saha éta téh, Kang?” Ceuk salah saurang ti nu ngariung.

“Potrét pun anak, Ojat. Tos ampir sasasih teu uih,” tembal éta lalaki. Paneuteupna jarauh panineungan.

“Karunya, pastina gé teu apaleun jalan balik,” ceuk nu lian mairan.

“Tos lapor ka pulisi?” ceuk nu boga warung nyora ayeuna mah.

“Ah, percumah dilaporkeun gé. Kalah siga nu ngaheureuykeun.” Luk tungkul. Katembong cipanonna ngembeng. Ngarasa teu manggih jawaban nu nyugemakeun, manéhna kaluar deui ti jero warung. Nuluykeun léngkahna. Teu bosen natanyakeun ka unggal nu pareng patepung di jalan.

Pasosoré anjog ka hiji lembur. Barudak leutik keur maraén bal di lapang nu teu pati lega. Eta lalaki ngarandeg di sisi lapang. Barudak nu keur arulin diteuteup. Lolobana mah barudak téh sapantaran anakna, Ojat.

Nyéh manéhna imut. Bari leumpang lalaunan, panonna terus mencrong ka nu keur ngudag-ngudag bal. Pikiranana kumalayang inget ka Ojat. Nyipta-nyipta, di antara barudak nu keur saruka bungah téh aya Ojat, anakna.

***

DI buruan rumah sakit jalma ngagimbung. Pada-pada hayang nyaho kumaha satuluyna nasib nu rék nyulik budak téh. Loba nu mupuas kana naon anu tumiba ka éta jalma, utamana nu baroga budak leutik. Pulisi jeung RT katut Odi geus nyampak di ruang IGD. Lalaki nu tadi kapiuhan téh masih kénéh ngalempréh, teu inget di bumi alam. Rangselna ngajugrug handapeun ranjang rumah sakit. Tadi diteundeun ku Juha di dinya. Pulisi papariksa. Ransel dibuka eusina, ditéangan bisi aya nu bisa dijieun tuduh. Nu ngalempréh diurus ku suster sangkan gancang éling deui.

Sanggeus manggihan KTPna, pulisi jeung RT gagancangan muru alamat nu aya dina KTP.

Amprok  jeung kulawargana mani rareuwaseun naker. Komo sanggeus ditémbongkeun potrétna mah, sidik éta lalaki téh Jajang dulur nu keur ditétéangan salila ieu.

Baca juga  Nyervis Hate

“Leres, Pa. Kang Jajang téh pun lanceuk,” ceuk Engkos, lalaki nu mimiti manggihan pulisi jeung RT.

“Anjeunna nuju kaleleban ku nu janten putrana. Selang sataun saatos bojona ngantunkeun, putra hiji-hijina gé maot.”

“Ayeuna lanceuk hidep téh aya di rumah sakit, da tatu parna,” Ceuk pulisi méré katerangan ka Engkos. “Ayeuna mah urang bareng ka rumah sakit wé.”

Teu papanjangan badami, Engkos jeung dulurna nu séjén milu ka rumah sakit.

Barang anjog ka ruangan IGD, eta lalaki nu geus éling deui teh, tuluy digabrug ku Engkos. Pada ngagugulung ku dulur-dulurna. Saréréa geumpeur nempo kaayaan Jajang nu pikamelangeun. Beungeutna geuneuk, perban rimbil  mungkus tatuna.

Jajang neuteup dulur-dulurna. Tuluy peureum. Biwirna imut.

“Kang…, Kang Jajang,” Engkos ngaharéwos, ditompokeun kana ceulina. Tapi Jajang angger cicing, bangun nu teu ngadéngé.

Jajang geus teu ngadéngé nu ngageroanana. Geus teu ngadéngé naon-naon deui. Manéhna keur kebek ku kabungah. Bungah bisa tepung deui jeung anakna nu salila ieu ditétéangan.

Ojat nungtun bapana, ngajak indit ti éta tempat. Éta lalaki nurut, nuturkeun pangajak anakna. Samemeh indit, eta lalaki ngarérét heula kana ranjang tempat raga nu geus teu walakaya. Tuluy indit gagancangan. Angger ditungtun ku Ojat. Leumpangna beuki jauh. Nyorang jalan nu can kungsi kasorang.

Duanana suka seuri bari angger silih tungtun.***

Labuan Bajo, Oktober 2019

Average rating 5 / 5. Vote count: 1

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: