Carpon, Lugiena Dè, Pikiran Rakyat

Néang Raratan

1.5
(2)

GEUS ti saméméh bulan Puasa meunang béja téh. Ti si Usdi, batur salembur. Majar Jatigedé caina surud. Sawatara lembur anu kakeueum ting pucunghul deui. Lembur nu kari bangkarak. Ukur nyésakeun ruruntuk wawangunan katut tatangkalan anu ranggoas galaring.

“TEU sirikna laléwéh, euy, urang lembur mah. Mareuntas kana parahu,” pokna dina WA. Kituna téh bari ngirimkeun potona ongkoh, aya kana welasna. Tuluy baé diilikan hiji-hiji. Najan geus teu pati sidik lebah-lebahna, teu wudu nyérédét ogé ningali urut lembur kakeueum téh. Ujug-ujug nyaréngcélak dina ingetan. Rus-ras.

Berekah, ti poé harita mah jadi nemen kapikiran. Ingetan ngacacang deui ka waktu dua taun kalarung, nalika lembur titis tulis ditilemkeun. Saenyana ari sahéngna mah geus lila. Malah ti barang inget gé geus apal, yén hiji mangsa lembur téh cenah bakal dijieun bendungan. Ngan duka iraha. Da geuning didago-dago téh bet lebeng. Atuh pamustunganana urang lembur gé leuwih loba haréharéna. Kahirupan lumangsung kawas sasari. Lir nu gedé haté lamun lembur téh baris lana sapapanjangna.

Ras ka Bapa anu geus taya dikieuna. Kungsi jadi kuwu Bapa téh, basa kuring keur budak. Kuwu sisit kadal. Da kalah kaririweuhan kudu nguruskeun parurugi tanah. Teu sirikna digencét ti luhur, dirojok ti handap. Nepi ka bakat ku rudet, antukna kedal ucap embung ngandidat deui.

Nu matak saterusna Bapa mah remen peupeujeuh. “Maranéh mah ulah hayang hirup di dieu. Tanah nu aya ogé ulah diadegan imah. Jug wé di ditu sing jarauh,” saurna.

Opat budak Bapa téh. Cikalna Kang Yadi. Néma ka Ceu Yati jeung Ceu Yuni. Ari kuring bungsuna. Dina kahirupan saterusna, kabéh gé malencar euweuh nu dumuk di lembur.

Ceu Yati, sanggeusna lulus kuliah, kabiruyungan diangkat jadi guru SD di Tanjungsari. Ari Ceu Yuni di Bandung, bubuhan meunangkeun urang ditu. Nu rada deukeut meueusan téh Kang Yadi, di Cisitu. Usahana kana beusi. Atuh di imah téh kari kuring wé duaan jeung Bapa. Maturan Bapa nepi ka dipundut ti alam dunya.

Saméméh geletuk maot, Bapa kungsi wasiat. “Mun Bapa nilar, omat kuburkeun gigireun indung maranéh. Ulah henteu!” pokna.

Baca juga  Joli

Mutuh matak bingung keur budak-budakna mah. Bubuhan harita téh ibur lembur rék dikeueum mimiti harénghéng deui. Teu sirikna barungsinangan urang lembur mah. Ari kuring opatan kahayang mah boga raratan anu bisa ditéang. Tapi dalah dikumaha, da kitu kahoyongna. Mana komo deuih apanan Ema gé di dinya dikurebkeunana.

“Bapa mah urang dieu. Saumur-umur tetep renggenek di dieu, teu kungsi incah balilahan. Nya paéh gé hayang di dieu. Perkara engkéna pajaratan Bapa bakal jadi talaga, ulah teuing dipikiran. Da keur Bapa mah nu pang pentingna du’a ti maranéh,” pokna deui.

Harita kuring opatan jeung lanceuk-lanceuk ukur wasa tungkul. Najan haté mah beurat, kapaksa nyaluyuan.

Opat taun sanggeus Bapa nilar, lembur téh tulus dikeueum. Urang lembur bubar paburencay. Pirang-pirang imah dirugrugkeun. Tangkal kai jeung kebon awi anu bisa diarah keur piimaheun ditaluaran. Malah tangkal caringin di astana gé tadina mah rék aya nu ngalumayankeun. Ngan dicaram ku Bah Karta, kokolot lembur. “Montong! Cicirén lembur éta mah. Bisi kawalat!” cenah.

Najan enya beurat, kuring jeung lanceuk anu tiluan mupakat ngabongkar imah. Kenténg, kaso-kaso, jeung kusénna dikakat. Tuluy diakut kana treuk ka Cisitu. Harita mah teu ririkna saréréa gawé badag ngadak-ngadak. Bari jeung loba anu kaleleban ongkoh. Hujan cimata. Teu saeutik ogé anu katalangsara, sirarak-siruruk di imah batur. Bubuhan duit parurugi téh dina emprona mah kalah teu puguh.

Sasatna geus taya nu nyésa. Basa lembur tulus dikeueum, biur kuring mah ka Surabaya, milu digawé di pabrik roko.

***

TILU poé saméméh Lebaran, kakara kuring bisa mulang ka Sumedang. Jrut turun tina karéta di Cirebon, tuluy muru ka Cisitu. Kasampak téh lanceuk nu awéwé geus aya di dinya, sabondoroyot jeung kulawargana séwang-séwang. Keur imah Bapa aya kénéh mah matuh ari ngariung téh di Cipaku, di imah titinggal Bapa. Sedengkeun ayeuna sidik geus teu boga pangbalikan pisan. Asa anéh keur sakuringeun mah. Lebaran téh bet di lembur mitoha lanceuk.

Poéan Lebaran, wayah bada lohor, kuring jeung lanceuk ngadius kana mobil ka Darmaraja. Basa srog nepi, tétéla teu nyalahan béja ti si Usdi téh. Malah surudna ogé geus jauh pisan cai Jatigedé téh. Da éta wé jalan Wado-Darmaraja anu geus kakeueum ogé bisa diliwatan deui. Ngan pédah teu nepi ka tungtung. Bubuhan geus kasaeur ku taneuh.

Baca juga  Samping Kebat

Di dinya gok jeung si Usdi. Tuluy sasalaman bari silih tanya.

“Geura yu! Ayeuna mah teu kudu meuntas maké parahu. Da garing,” si Usdi ngajak.

Bring baé laleumpang, mapay-mapay taneuh anu ngahgar bareulah. Saampar-ampar katémbong rata. Bau bangké lauk kaambeu mabek. Najan geus aya kana dua taunna kakeueum, lebah-lebahna lembur téh bisa kénéh dipaparah. Jalan jajahan. Sakola SD. Masjid jami. Lapang méngbal. Ujug-ujug nyaréngcélak deui dina ingetan kahirupan di lembur baheula. Tapi teu ieuh lemék nanaon. Saréréa gé ukur samet tinghareneng.

Sabot keur leumpang, katingali ti kajauhan Mang Uséng jeung Mang Pipid keur ngakat bata tina urut wangunan imah. Tatangga sa-RW duanana ogé.

“Dijarualan éta téh. Paboro-boro. Bubuhan saprak lembur kakeueum loba nu ngalaligeuh,” si Usdi ngadongéng.

“Apan éta mah imah batur? Naha bet wawanianan?” Ceu Yati kerung.

“Wah, sapanjang lain masjid mah pasti diboro, Téh,” walon si Usdi bari nyéréngéh.

“Ari itu saha? Siga Bah Karta ningan. Keur naon cenah?” tanya Kang Yadi.

“Melak paré. Ah humayua, Kang. Leuheung-leuheung mun halodona manjang. Cur deui hujan mah geus tangtu moal kapuluk,” témbal si Usdi deui.

Heuleut sawatara lila, srog ka urut imah Bapa. Tétéla geus rata. Padahal basa ditinggalkeun mah dindingna nangtung kénéh. Ari ayeuna ukur nyésa ubinna wungkul. Tangtu aya nu ngakat, ceuk haté. Kuring opatan tibang gogodeg.

Si Usdi tuluy miheulaan indit ka astana. Ari kuring jeung lanceuk mah ngadon hual-hiul bari niténan urut imah anu geus teu mangrupa. Leutak garing ngadaragleg.

Hareupeun imah, tangkal jambu anu geus paéh nangtung kénéh. Pérang konéng semu soklat. Cenah di dieu téh luhurna cai nepi ka sapuluh méter. Ari ayeuna euweuh tapaktapakna acan. Ngahgar wé.

Ti dinya léos ka astana. Geus réa jalma horénganan. Urang lembur anu nadran ka makam. Kuring jeung lanceuk tuluy guk-gok sasalaman, bari ngobrol sahayuna.

Di dieu gé sarua geus rata. Tangkal caringin téa, anu dijieun cicirén lembur, kasampak geus aya nu nuar. Anyar kénéh kawasna dialana téh. Untungna ari témbok jahul pajaratan mah katingali kénéh.

Baca juga  Marmer Cake Pesanan

Kuring opatan tuluy nguriling néangan pajaratan Bapa jeung Ema. Sanggeus kapanggih, gog naragog. Témbok pajaratan anu geus kasaeur ku taneuh téh dibersihan maké koréd meunang mekel ti imah. Kitu deui pajaratan Ema anu aya di gigireunana, sarua milu dibersihan. Bréh ngaran Bapa jeung Ema. Dak dumadak haté seuseuitan. Antukna teu kawawa bijil cimata. Sanggeus ngaheneng sawatara lila, tuluy ngadu’a sabisa-bisa.

Basa diimeutan, anu daratang ka dinya téh loba barudak rumaja. Teuing urang mana, da teu warawuh. Kawasna ngadon arulin wungkul. Ngan teu uyahanana téh kalah sésélpian bari cicirihilan. Sakitu batur mah keur nalangsa.

“Hayu ah! Urang nepungan Mang Pandi,” omong Kang Yadi. Mang Pandi téh adi Bapa hiji-hijina. Ayeuna matuhna di Jatinunggal. “Can seubeuh mah isukan urang ka dieu deui,” pokna deui.

Saterusna noron salila opat poé kuring pulang anting ka Darmaraja, dibaturan ku si Usdi. Kitu wé gawé téh, ngadon ngalanglang urut lembur, bari ngobrol ngawawaas mangsa lawas. Nincak saminggu, biur indit deui ka Surabaya.

Sabulan ti harita, usum hujan teu burung cunduk. Cai Jatigedé lebleban deui. Lembur salin jinis deui jadi talaga. Kitu ceuk si Usdi, bari teu poho ngirimkeun potona. Ras kana pajaratan Bapa jeung Ema.

Ras kana ruruntuk imah baheula. Tangtuna ogé ayeuna mah geus jadi deui dasar talaga. Kasaeur deui ku leutak. Jadi panonoban rupa-rupa lauk. Naha lebaran engké bakal surud deui? Boa-boa engké mah laput pisan kakuburna? Bisa kénéh ditéang deui kitu? Teu ieuh dijawab. Haté ukur wasa ngaheruk.

Heuleut sawatara minggu, tirilik hapé disada. Si Usdi horénganan.

“Sawah Bah Karta téh teu kapuluk pisan. Bakat ku aral, Bah Karta kagegeringan. Nepi ka hanteuna,” pokna dina WA. ***

Average rating 1.5 / 5. Vote count: 2

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: