Carpon, Emha Ubaidillah, Galura

Budah

0
()

BUDAH téh jol aya wéh, mangsa manéhna hudang saré pas isuk-isuk poé Minggu. Manéhna kerung kagét, ana diuk horéng awakna aya di jero buleudan budah. Peresis budah sabun, mun keur nyeuseuh atawa pepelendungan. Panasaran, curuk manéhna hideng noélan, ka gigir ka luhur jeung ka handap.

Kagétna téh wedel geuning teu daékkeun bitu. Cacak diséréd jeung ditepakan. Angger wedel, lir balon élastis tapi weweg pisan. Leuwih kagétna deui, sok sanajan di jero budah raksasa nu liput tanpa liang angin, manéhna teu bangga ngarénghap. Malah asa leuwih seger karasa ku manéhna. Boh nyeuseup oksigén atawa sabalikna murakeun karbondioksida.

Manéhna ngagésékkeun dam pal leungeun keur saterusna ditapelkeun dina pipi kéncakatuhu. Cenah ceuk guru fisika waktu manéhna sakola baréto, cara kitu téh di antarana keur nyieuhkeun jurig tunduh.

Karasa budah téh oyag lalaunan, katebak kipas leutik jurueun kamar kost manéhna. Manéhna ngarénghap jero. Peuting tadi téh manéhna lalajo tv, acarana program terafi tur métoda ngulinkeun napas. Narik hawa dalapan detik, nahan di jero dada opat detik, murakeun wéh tujuh detik.

Manéhna ngésod ngarumbaykeun suku kana téhel. Tuluy ajeg nangtung bari nénjo eunteung lomari. Enya geuning atra katempo mun awak sakujur manéhna dibulen ku barang ipis siga palastik.

Panto kamar dibuka, manéhna ngaléngkah marengan ngahéosna angin puhu beurang norobos gang leutik nu nerus ka tempat kost manéhna.

Léngkah manéhna muru tempat parkir. Kituna téh sanggeus nyamber anduk jeung pakakas mandi. Basa papaliwat jeung sasama anak kost, manéhna bangun nu teu kajeueung. Papaharé baé.

Poé Minggu manéhna hayang pisan maca buku. Diuk di café kopi. Café anu pinuh ku soara léngkah sapatu, geletrek mesin kopi di satukangeun méja bar, soara meakanis mesin citakan struk dina méja régister jeung soara-soara wangkongan, ditambah sora-sora tuktek laptop.

Baca juga  Fragmen Hirup

Teu luput ogé sora gero barista ka nu mesen kopi. Manéhna nutupkeun buku. How to Be Alone and Successful. Gelas pelastik ukuran short nu eusina 10 ons double shot iced shaken expresso hareupeun manéhna dicekel, dijungjungkeun saeutik bari dioyag-oyag lalaunan.

Aya nu nyampeurkeun adek kana budah manéhna, kadéngé sada glak-gluk budah kadedetkeun. Manéhna ngarérét, horéng hiji wanoja nu keur ngagelenyu bari sapasang leungeunna nangkeup laptop lebah harigu. Uman-imen ka kénca ka katuhu satuluyna melong kana beungeut méja.

“Punten, ngiring calik.” Pokna. Keur manéhna mah nu kadéngé téh ukur sada budah sabun nu ti sagekna diuk teu reureuh oyag-oyagan.

“Tiasa nge-share méjana?”

Weléh teu ngadéngé nanaon sok sanajan teu burung unggeuk. Si wanoja seuri, rengkuh nganuhunkeun. Gék wéh diuk terus neundeun laptopna pasinghareup-singhareup jeung How to Be Alone and Successful. Merong kana beungeutna, ingetan manéhna nanceb dina beungeut nu jadi indung.

Manéhna nangtung di lobi mall, nyerangkeun hujan. Hartina moal waka bisa balik hujan kieu mah, ceuk pikirna. Budah nu mungkus manéhna ujug-ujug oyag, ana bréh gigireun manéhna geus nyampak wanoja nu tadi ngilu diuk mamawa laptop.

“Hujan waé, nya? Jadi susah rék ka mamana.” Ceuk Si Wanoja. Duaan anteng nyerangkeun hujan. Manéhna giak muka jékét saenggeus nénjo Si Wanoja ngadégdég katirisan. Rap wéh ipakékeun sok sanajan mimitina mah, awak sampulur nu dijékétan téh kéképéhan.

“Nuhun.” Manéhna nganuhunkeun, tungtungna mah. Nuhun nu kadéngéna siga soundsystem ruksak, kawantu kawatesanan budah téa. Manéhna teu burung imut bari lalaunan nyodorkeun leungeun kénca, bareng jeung gerak budah sacara élastis. Ngaranggeum pigeulang katuhu Si Wanoja.

Budah téh ngabeukahan, geblus wéh Si Wanoja abus kana bungkusan budah. Duaan di jero bungkusan budah, ayeuna mah.

Baca juga  Garam Mutje

“Ah, omong kosong.” Ceuk Si Wanoja. “Wanda anjeun mah familier da.”

Manéhna teu ngarésfons, ukur hayang ngadéngékeun.

“Urang téh kungsi tepung di mana, nya?” Ceuk Si Wanoja deui. Cékas ayeuna sorana. Manéhna angger teu lémék.

“Ah, sigana mah ukur perasaan kuring. Hampura nya, mun kuring sok kieu waé.” Cenah bari menerkeun samléh jejetna.

Hujan can hayangeun raat, najan wanci ngagorolong ka beurangna.

“Anjeun nyaho, teu. Cenah di ieu dunya, urang boga genep kembaran.” Si Wanoja muka deui carita. Manéhna gideug.

“Hartina, di bawahan dunya séjén aya genep jelema nu sarupa beungeutna jeung urang. Iy, matak keueung, nya.” Cenah bari ngusapan pipina sorangan.

“Lucu mah lucu éta ogé ngan matak soak. Bener, teu?”

Manéhna neuteup beungeut Si Wanoja; halisna, panonna, lengkung irungna, pipi, caréham, biwir jeung gadona taya nu kaliwat. Nyéh seuri. Hujan gé nungtut orot. Si Wanoja ngalésotkeun cekelan manéhna. Budah nu mungkus téh méotan, ngaluyukeun kana awak nu dibungkusna. Sok sanajan endag-endagan siga rék peupeus. Henteu tapi.

“Nuhun kana jékétna, nya.” Ceuk Si Wanoja pasrah. Masrahkeun jékét ka manéhna.

“Asa anéh, ti tatadi téh ukur asa ngadéngé sora kuring wungkul.” Pokna, teu poho ngagésékkeun dampal leungeunna kana ceuli. Manéhna make jékét sedeng budah bungkusna oyag kasiku leungeun Si Wanoja.

“Ah, Minggeus wé. Kuring deuk balik. Iraha-iraha wé urang tepung deui mah.” Ceuk manéhna. Si Wanoja seuri saterusna ‘balikkanan’ ngajauhan.

Manéhna ngajentul hareupeun eunteung lomari pakéan. Neuteup beungeut sorangan, nu sagambar jeung beungeut Si Wanoja tadi. Manéhna ngaléngkah kana risbang terus ngajapapang. Panon manéhna mendeléng kana kalénder; poé ieu téh, poéan indung kuring wafat, cenah ngagerenyem. Indung nu lain indung manéhna, cenah ceuk bapa manéhna, baréto. Manéhna kasebut anak panimu, ku lantaran kasebut anak jadah. Nu boga bapa leuwih ti tujuhan.

Baca juga  Skandal Vandal

Mangtaun-taun manéhna mikir, mun indungna lain milik manéhna, meureun indungna ogé lain milik Pangéran. Indung manéhna lain ciptaan Pangéran. Manéhna ngeleyep, les teu ingetinget. Dina impianana, manéhna jadi hiji budah gedé anu mulen indungna.*

 

Tegalluar, 12/2020

Average rating / 5. Vote count:

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: