Carpon, Evi Sulastri, Galura

Fragmen Hirup

1.5
(2)

LELEMBUTAN asa ngagulimeng hideung. Panon rapet, lalaunan dibeuntakeun. Beurat pisan asana, tapi bismillah wé beunta disakaliguskeun. Bray, téténjoan teu cékas, untuyan béntang ngubeng mareng jeung tingarenyutna eusi sirah.

Rasa dipasrahkeun sadayadaya. Panon dipeureumkeun deui, bareng jeung ngagebrayna lelembutan. Nu pangheulana kinget téh WhatsApp Si Kaka, budak cikal kuring.

Sasupna korsi roda nu mawa awak ka rohang bedah, hapé nu teu lésot gigireun niriling, cirining aya kiriman WhatsApp, enya wé gambar Si Kaka ngagebray, manéhna poé ieu jam ieu diwisuda anu dilaksanakeun ku cara virtual.

Méméh teu inget di nanaon, panon geus beurat dikiceupkeunana. Ngan haté ngereteg; bagja Kasép. Wilujeng, Ibu teu walakaya. Sidik panceg wanci ieu, Ibu kudu oprasi cangkéng tukang. Oprasi nu sabenerna mah lain per kara nu munggaran. Can sataun, vonis bedah geus karandapan. Bedah awak anu geus teu kararab itunganana. Kiwari bet kudu ngarandapan deui.

Bréh dina lambar ronsenan, aya barang bodas nyolocos dina tilu titik dina tonggong. Mun maké baju mah teu kaciri. Karampa sotéh mun dicagap. Mun diuk lila atawa gawé beurat karasa. Karasana nyaksrak, pegel jeung panas tiris. Atuda ngajendol tilu sagedé-gedé bal pingpong. Gucal-gicel mun dicabak téh. Lebah nu mucunghulna enyor, hipu.

Tadina mah teu opénan, komo nepi ubar-aber diobatan mah. Harita mah keur nyanghareupan kasakit kantung kemih jeung ginjal kénca katuhu ngaleutikan. Ongkoh nanyakeun ka babaturan gawé ogé, lumrah cenah aya nu kitu mah. Diantep. Salakina Bu Uum ogé sarua cenah kitu, teu ditambaan cageur sorangan.

Lain sisiwo hayang dipuraykeun ka tukang pencét, mun bisa mah. Tapi loba anu nyaram, bisi bucat cenah. Teu ieuh ngarasula sakitu pegel ogé. Leungeun katuhu sok hideng ngusapan anu ngajendolna, kalan-kalan dibalur ku kayu putih. Beuki ka dieu beuki ngagedéan.

Anéh ari salakina Bu Uum mah teu pegeleun, ari sorangan mah kacida pegelna. Ka dieunakeun mah komo. Ku salaki ogé remen dititah uubar. Kanyeri beuki nambahan. Lumpang ogé nyangéyéng. Éra deuih mun keur leumpang, komo di tempat gawé mah.

Baca juga  Budah

Poé Kemis harita téh, balanja mingguan ka pasar. Di tengah pasar cangkéng rengkeng teu bisa digerakeun sama sakali. Tuluy malipir ka émpér toko. Gék andiprék sababara menit, teu éra ieuh bakat ku geus nyeri.

Jung nangtung bari rumanggieung, tuluy muru ka pangkalan ojég nu teu pati jauh ti lawang pasar. Tukang ojég diulangan, clék umpak oge. Biur ojég meulah jalan muru ka rumah sakit. Sup ka IGD. Teu lila dokter ngurunyung. Mariksa kacida tulaténa.

“Tah ieu téh galona gajih hancer jeung cai leuleueur nu teu bisa diajurkeun, akibatna ngagibleg siga potongan urat bodas,” kitu ceuk dokter mun disundakeun mah. Cenah awak teh geus teu bogaeun imun tubuh, alias leungiteun daya protéks ngalawan lemak anu nyulusup asup.

Bada solat Jumaah vonis bedah ragragna. Najan lain ayeuna ieu ngarandapan dibedah, teu burung deg-degan. Ringrang kabina-bina. Ras ka ditu ras ka dieu. Bruh-bréh panineungan jeung barudak, jeung kulawarga, sobat-sobat, katut lalampahan. Boa-boa semet dieu lalakon teh.

Puteran dunya sakapeung asa gancang teuing sakapeung mah asa alon. Nandangan kieu téh lain anyar-anyaran. Geus mindeng, geus teu ngagétkeun deui dokter. Mindeng deuih ngalaman ubar-aber ka rumah sakit puseur provinsi.

Ingetan nu keur kumalayang paburisat. Kagebahkeun ku sérésétna linu jeung peurih lebah tatu tapak dibedel. Tingserelek, nyelek kana angen, gilisir kana kekemplong. Kurunyud. Kurunyud. Teuing sabaraha jam teu éling balukar obat bius.

Bau obat jeung lendeng sirah mah can peuyar-peuyar. Hayang ngajerit satakerna basa ngutekkeun palebah beuteung nepi ka dampal suku ka handap euweuh rasa pisan. Awak téh, ana kieu mah ukur hirup sapotong. Jug nirisan, ngagibrig teu katahan. Bapana barudak diisrahan hayang dihaneutan awak, pangpangna mah suku.

Baca juga  Gurat Kulawu

Aya nu ngojéngkang. Duka suster, duka pembantu, teu jentre lantaran dinja kaayaan sadar jeung teu sadar pangpangna mah baluas keneh. Maenya, jadi jelema sapotong.

Pangacian ngumpul dadakan kabetakeun ku anu ngajerit. Horéng pembantu curukna ngacir kana keuneung. Torojol suster. Aya naon? Da teu karasa nanaon? Maksakeun cengkat. Innalillah, tonggong keuneung suku malelendung, cai ngucur.

“Botol nu dilebetan ku cai panas teu dibulen kaén, janten panas teuing.” Kitu ceuk suster. Ukur bisa melong. Sing demi ku pangaruh sangetna obat bius tepi ka teu karasa nanaon. Teu karasa panasna cai nu diasuokeun kana botol beling.

Mun teu tumamprak mah kana papastén, asa mending miheulaan kulawarga mulang ka kalanggengan. Atuda kasakit téh teu euih-euih. Geus lain itungan panyakit na awak.

“Da hidep mah, Senéng, uyuhan hirup tug hurip tepi ka rendey budak ogé sasat ririwit ti leuleutik, tiktikbrek ti utun-inji kénéh. Matak gé ulah kurang-kurang sukur ka Nu Gaduh hirup-hurip malahmandar juuh ku kabarokahan.” Kitu saur Mamih, indung, pok deui pok deui, ngingetan.

Tapi da jelema biasa atuh nu hayang ngarasakeun ni’mat cageur siga nu sejen. Daharnginum ruab-raéb taya pantrangan, ulan-ulin sabelenjeungna, upa-opi sateurabna. Ngan nya kitu, nu kaalaman téh bet wangun rumus hirup sakumaha nu ditepi ku jenatna aki.

“Waluya ku dunya-baranatéh pameulina ku panyakit. Keur nyaimbangkeun ka-Maha Adilan Mantenna dicipta sisip rijki pungsat pakeun nu dibeuli ku kabelejagan. Sagala rupana sodoran nu tanpa ngahaja kudu dipilih. Geura sok rut-rét ka sisi ka gigir.” Kitu ceuk aki teh.

Nalaahan kahirupan pembantu nu saliwat mah koréhkoréh cok, na da asa tara katénjo gering ari lain salésma mah. Sakalieun uubar gé cukup cenah ku seureuh atawa ku bawang bodas.

“Mémang teu patén ari rumus hirup mah da sidik alam pawenangan kasebutna: nu sugih teu pasti geringan waé, nyakitu nu kokoro teu pasti walagri waé. Hirup mah cageurgeringna, bagja-balangsakna wungkul dojaan keur negrakkeun wangun ‘kompetisi sehat’ bukaeun jaga. Linabluwakun bayyukum ayyukum ahsanu amala,” saur aki.

Baca juga  Ngurek

Ras inget kana papatah bapana barudak. Mah, landong nu pangmujarabna aya dina kakiatan manah Mamah. Sumanget damang, sareng daria turta tawekal dina ihtiar. Sadaya musibah anu tumiba, sareng maksimal ngungkulanana moal gaplah ku margi janten tabungan ganjaran di gédéng Mantenna Modalna teu aya kajabi lintang ti nebihan sikep aral subaha sareng ngalepatkeun takdir.

Tina tatu suku karasa aya nu ngageleser terus ngajeletit. Gentak nyanda najan bari ukahékéh. Kurunyung Si Bungsu, meureun ngadéngé indungna rumahuh.

Di rumah sakit téh teu lila, da ménta buru-buru balik. Atuda angger samodél nu enggeus-enggeus. Gulak-giluk sorangan, kalah nambah parna kasakit. Bapana barudak jeung barudak tujuhanana pada-pada rariweuh ku kagiatan maranéhna séwang-séwangan. Nu sakola, nu kuliah. Atuh nyarter pembantu gé bangga sok sanajan ditandonan buruh gedé ogé.

Nu ngajeletit leler tapi teu lila, bobokong ayeuna mah karasa aya nu nojosan, rocop. Utamana dina sabudeureun urut dioperasi. Pikiran dialihkeun kana mangsa supna ka rohang bedah. Si Bungsu ngagalindeng, cenah waktuna tatu g diberesihan, disemprot obat luka turta dikomprés.

Lamunan anteng ka rohang bedah. Mangsa ngagebrayna beungeut Si Cikal keur diwisuda. Berekah, keur saheulaanan mah lita sagala kanyeri. Atoh, bagja nu aya nyaksian Si Cikal geus mampuh namatkeun pendidikanana di kampus.

“Mah, Mamah! Sing émut. Sakedap deui ogé Mamah damang.” Si Bungsu nu ti tadi nguyek dina tunjangeun muyarkeun lamunan.***

Average rating 1.5 / 5. Vote count: 2

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: