Carpon, Komala Sutha, Tribun Jabar

BEBEGIG

0
()

SAPRÉK Mulyadi jadi kandidat kadés, imahna ramé didatangan jalma. Ti mimiti tim suksés, dulur, baraya, deungeun-deungeun nepi ka manusa-manusa munapék nu dumadakan kawas nu heueuh bageur tur midulur. Padahal boga kapentingan séwang-séwangan. Teu kabéh éta gé, aya ogé nu enya-enya ihlas ngarojong. Tapi lolobana mah kitu wé, beungeut nyanghareup ati mungkir.

Barina deuih, tina sisi naon mun enya Mulyadi kudu jadi kadés? Enya éta gé kungsi kuliah najan teu réngsé di paguron luhur swasta mangsa ngorana. Tapi teu cukup ku kitu. Dina riwayat hirupna, mangsi hideung remen nyorétan daptar panjang lampah jalma nu kurang eucreug.

Mulyadi teu kungsi boga gawé di mamana gé, nyasat hirup ngandelkeun jegudna kolot nu ahirna ninggalkeun alam dunya. Ninggalan dunya barana jadi warisan anak-anakna kaasup Mulyadi nu maruk.

Teu kungsi ngimpi bakal jadi calon kadés. Teu kungsi aub dina organisasi nanaon. Hirup lubak-libuk harta pikeun manéhna geus cukup teu kabita ku gawé nu matak nyapékeun ceuk pikirna. Ngan, tilu taun katukang, dalit jeung calon kadés. Jamhuri—minantu jalma jegud di lembur nu boga matrial panggedéna. Jadi kadés mangsa bihari matak pikauruyeun, loba dana ngagoloncor ti pamaréntah bari teu hésé. Blus kana saku pribadi, manéhna remen ngabandungan kiprah Jamhuri da manéhna tim suksésna. Tim suksés lain pédah boga sima positif di balaréa, tapi purah nyingsieunan. Jadi bebegig. Mulyadi dipikagimir di terminal. Anak buahna ditarato nu kasedepna nyekékan botol inuman.

Jamhuri jadi jalma nomer hiji di désa. Mulyadi nébéng bekén, laluasa ngawasa kadés nu bisa dikitu-kieu, ngatur itu-ieuna, lir sutradara nu ngatur réngkak artis amatiran. Taya nu wanieun ka Jamhuri da sidik di hareupna aya bebegig nu ngaran Mulyadi.

Baca juga  Joli

Waktu Jamhuri maju ka kursi déwan, jorojoy Mulyadi kaideuan nuturkeun léngkah Jamhuri nu sakitu gampil ngahontal kakawasaan bari teu kudu ku ahlak nu hadé. Modal ngaborong sora léwat stratégi ngarawu ku siku.

“Ulah lali ka sobat médok nu hiji ieu,” saurang lalaki sapantar Mulyadi nepak dadana. “Baheula mah remen ditironan ku Bapa Mulyadi téh. Waktu urang sabangku di SMP.”

“Héh, baheula mah uing remen nganteur ilaing ngapélan Kulsum,” lalaki leuwih kolot ti Mulyadi ngahréwos ‘so akrab’ kana puhu ceuli Mulyadi bari sieun omonganana kapireng ku pamajikan Mulyadi nu keur riweuh ‘tebar pesona’ ka ditu-ka dieu hareupeun sémah-sémahna.

“Inget kénéh teu… basa si Jali ngababuk didinya ning harita rebutan Ai Sundari, bungsu Bapa Camat? Apan… di dieu yeuh nu aya di barisan panghareupna nu ngabéla didinya téh!”

“Kang Mul… mugia tinekanan janten kadés Mangunjaya, nya! Abdi mah reueus ka salira Akang saupami tiasa mingpin désa urang nu kakantun kieu téh, Kang!” ceuk hiji lalaki ngora api-api simpati da geus nyusun startégi saupama Mulyadi kapilih, manéhna ngincer jabatan baseuh di désa.

Mulyadi, lalaki nu umur kepala opat téh teu weléh suranyéh saprék jadi kandidat kadés. Imah gedé di tungtung jalan Sawo téh ‘welcome’ ngadago sémah-sémah ti kabéh kalangan. Kolot budak, lalaki awéwé, beunghar miskin nu penting calon pemilih aktip dina poé pemilihan tanggal 20 Novémber engké.

Tangtu Mulyadi bungah lain meumeueusan. Manéhna yakin dua pertilu calon pemilih baris milih dirina. Sajaba ti éta, angkeuhan boga rojongan ti jalma-jalma nu boga pangaruh di désa. Dua kandidat séjénna, pikeun manéhna mah taya pangaruh.

Alatan jasa Mulyadi, kadés mantén suksés dina hirupna. Lain ukur dunya barana, kalungguhan, kakawasaan tapi ogé jalan di hareupna mulus beuki gampil. Kuwu manten—Pa Jamhuri—geus ngabaheuhay dina korsi déwan.

Baca juga  Néang Raratan

“Kang… urang jual wé imah kontrakan téh, nya? Apan urang téh perelu waragad keur ngetrukkeun dina peuting serangan pajar,” Marni, pamajikanana nu geulis kénéh, ngolo salakina. Mulyadi mémang butuh duit loba. Kiwari kahirupan ékonomi warga désa keur meujeuhna seuseut-seuat. Waktuna meuli sora saloba-lobana.

“Tenang, Mul. Teu kudu hariwang, modal mah tangtu balik deui malah baris leuwih mucekil. Ilaing apal pan kumaha permainan uing salila jadi kadés,” Jamhuri ngagedéan haté Mulyadi. Enya, sanggeus jadi kadés, dana désa tangtu ngagolontor.

“Hemmm… siaplah, Kang,” Mulyadi nu geus teu asa-asa ka Jamhuri, antukna unggeuk. Manéhna gé hayang suksés jadi kadés laju gampil ngahontal posisi anggota déwan kadituna mah. Geus diwawaas ti béh ditu mula.

Sedengkeun Aldy Fairuz—anak cikal Mulyadi nu kuliah di fakultas hukum seméster tilu—remen ngahuhuleng. Manéhna wegah mun bapana jadi kadés. Lain pédah rékam jejak bapana di mangsa ngorana rada kulawu. Tukang ngungudag mojang-mojang nu maléncrang tur resep neureuyan obat-obat nu diharamkeun ku agama. Tapi ngolébat kahariwang nu pohara, inggis bapana bakal milampah nu sarua jeung kadés saméméhna. Teu amanah, ngadahar duit nu lain hakna. Bapana jadi koruptor désa!

Moal lila deui nyedek poé pemilihan kadés. Aldy Fairuz leuwih loba méakkeun waktu dina luhur sajadah, ménta-ménta ka Gusti, bapana gagal jadi kadés. Manéhna yakin, ngaliwatan du’ana nu teu eureun-eureun, bisa nyalametkeun kulawargana ogé désa Mangunjaya tina itikad goréng bapana. ***

 

Rohang Nyepi, Poé Pahlawan 2019

Average rating / 5. Vote count:

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: