Carpon, Galura, Lely Multyawati

Gurat Kulawu

1.5
(2)

NGAHERUK neuteup garis dina téspék. Cikénéh mulang ti Puskesmas, pédah asa lalanjung geus dua minggu. Mariksakeun mah ka rohangan panyakit umum, tapi bet kalah dititah ka bagéan Ibu dan Anak. Bidan Cucu nu geus wanoh ngasongkeun alat tés kakandungan jeung pelés leutik. Nitah ka jamban, bari seuri ngananaha.

Hayang ceurik basa lalaunan dua garis biru kabaca. Ras ka Kang Tatan, nu balikna teu kanjat saminggu sakali. Bidan Cucu ngabeberah da meureun ngadongdolék mah teu téga. Apan kuring mah teu di KB. Lain kunanaon, taya nu cocok, sok kalah ngayer ngagetih. Diusahakeun maké jadwal kaléndér, ngan kacolongan. Si Utun namper geus asup minggu ka genep.

“Taya nu bisa ngahalangan mangsa Pangéran maparin rejeki.”

“Tapi naha rejekina kalah nu kieu, Bu Bidan? Kuring geus lieur ngurus lima budak nu dahar pakéna arang kacumponan.”

Bu Budan ngahuleng.

“Wayahna, rawat budak dina kandungan. Ieu lumayan keur meuli susu jeung béas, omat ulah capé teuing. Lamun daék, engké pas lahiran, budak ku Ibu dipénta. Aya dulur nu taunan teu boga turunan. Tapi éta mah engké wé tong dipikiran ti ayeuna.” Bidan Cucu ngeupeulan rada kandel.

Teu ditolak da keur butuh pisan. Balanja béas jeung emih, endog ogé minyak nu geus saat ti kamari. Susu mah teu ieuh dibeuli, keun wé da kakandungan nu ti heula ogé nginum susu téh kaitung ku ramo. Sok kapiheulaan dibéakeun ku budak.

Nepi ka imah kalah beuki lieur. Méjikkom nangkub, anyar diberesihan ku budak cikal. Cenah loba tai cak-cak. Hideng sakitu mah cacakan kakara kelas hiji SMP. Sakolana asup beurang, isuk-isuk sok mantuan ngiderkeun kuéh nu tatangga. Lumayan keur bekel manéhna, ogé sok mawa sésa kuéh nu teu payu.

Baca juga  Samping Kebat

Bageur nu bogana, karunyaeun meureun. Ceu Wiwin keur leutik mah batur ulin, ngan béda milik. Manéhna kawin ka pagawé negeri. Nampa gajih rutin unggal bulan. Keur nambahan résiko, nyieun kuéh-kuéh baseuh, narima pesenan jeung nitip di warung-warung. Sawaréh diiderkeun ku Éci, budak nu cikal.

Keur anteng neuteup téspék, budak nu bungsu nyampeurkeun. Adi, kakara dua taun. Bau hangseur kaambeu, can disalinan.

“Mamah, ibak.”

“Ku Tétéh, jung!”

“Alim, caleng Mamah ibakna.”

“Mamahna udur,” rada nyentak.

Jol Éci, neuteup bari camerut.

“Mamah ulah galak ka Adi, karunya,” pokna.

“Mamahna keur lieur, urus atuh Téh!”

“Pan Tétéh gé nembé wangsul ti Ibu Wiwin. Tadi miwarang Aay ngibakan, mung Aay kabujeng sakola.”

Aay teh budak nu ka dua, kelas lima SD, sakolana deukeut ka imah. Ti Aay turun ka Wahyu, kelas dua SD, terus Teti, PAUD. Jadi lamun kuring indit-inditan, Teti sok sina maturan Adi. Da sakola Paud mah nyalsé.

Éci nungtun adina, kadéngé ngupah-ngapéh. Gewur sora cai, sigana langsung dimandian. Datang deui Adi geus beresih, maké baju lalayu sekar urut lebaran taun kamarina.

Deudeuh, hampura Mamah. Budak dihayap, ditangkeup. Bari ngélék Adi, maksakeun ngaléngkah ka dapur. Budak sina diuk dina jojodog, leungeun ngawadahan béas kana baskom leutik, ngisikan. Geus beresih diasupkeun kana méjikom. Jam salapan ayeuna téh, da basa indit ka Puskesmas jam tujuh, can aya nanaon, ukur nyadiaan odading lima siki.

Barudak tara réwél, apaleun kumaha kondisi kolotna. Sarua jeung kuring mangsa keur leutik, hirup susah. Dahar gé remenna mah karo uyah atawa kurupuk aci. Bapa kalah ngawayuh ka urang lembur kalér. Ari Ema ukur tukang babantu nyeuseuh.

Mangsa budak ditumpakan ku kapeurih, geuning kakolotnakeun gé kasenang téh embungeun nyampeurkeun. Kelas dua SMP kaluar, pruk kawin ka Bah Sudira, dipaksa ku Ema. Kawin ka kolot bari teu senang, untung umur salaki pondok, kuring jadi randa dina umur dalapan belas belas taun. Meunang warisan imah jeung tanah nu ayeuna ditempatan.

Baca juga  Budah

Pruk ka Kang Tatan, pacabakan tukang bangunan. Mimitina mah bageur, bruk-brak sagala rupa. Tapi beuki dieu, sok hampang leungeun. Kana duit beuki ijiran. Komo basa apaleun kakandungan nu ka lima, kalah langsung ngajengkat bari kukulutus. Majar kuring siga ucing, teu bisa matéakeun awak.

Harita gé sapuluh poé teu balikna, nurustunjung. Ngan untungna, ti mimiti boga budak nu ka dua gé, sok bunta-bantu di Pa Garniwa. Anjeunna pangsiunan kapala sakola. Teu puputra. Meureun loba katumbu umur téh ku Pa Garniwa ogé. Da remen ngeupeulan di luar gajih.

Tah, salaki mah sok timburuan. Majar kuring digawé di imah éta téh bari ngalayanan nu lianna. Sebel jeung ngenes, lain kadua nganuhunkeun. Da geuning témpo nampa gajih mah sok pirajeuneun nyisikudi, ménta keur roko atawa nyelang keur béngsin.

Pa Garniwa kudu apaleun kuring kakandungan, sabab bakal ngaganggu kana pagawéan. Najan teu pati beurat, ngaranna nyiram, pasti loba horéam, cara sasari. Bérés ngasakan sangu, nyokot endog opat siki, tarigu tilu séndok, bawang daun dua gagang, uyah jeung pedes. Dikocok rusuh.

Nyicikeun minyak saeutik kana katél, gen ngahurungkeun kompor. Dadar endog diléakkeun, didedetkeun ku susuk, dibalikkeun ngarah teu tutung. Dikeureutan laleutik. Kécap dicampuran siksik céngék diwadahan kana mangkok palstik leutik, cukup keur dahar ayeuna jeung peuting.

Adi dihuapan mani ngalimed, lapareun tayohna. Geus wareg mah anteng ulin sorangan di buruan. Teti geus balik ti sakolana, tara ieuh dianteur atawa dipapagkeun da kari nguliwed ka pipir.

Kuring papadon supaya barudak cicing tong ka mamana. Rék ngistrika di bumina Pa Garniwa. Basa leungeun ngetrok panto, kasampak anjeunna nuju nerektek ngetik. Tamba kaluman cenah, sok ngirim seratan ka majalah atawa koran.

Baca juga  Hariring Guneman

“Geus dahar, Nok? Tuh aya nasi pecel, tadi Bapa meuli dua bungkus, inget ka Enok.”

Anjeunna biasa nyebut Enok, pédah yuswana lumayan ganjor meureun. Kuring seuri bari nganuhunkeun. Da mémang lapar. Seungitna bungbu pecel matak nambahan ponyo. Sakotéap gé amrin. Ngan enggeusna asa murel, lah pasti gara-gara aya Si Utun, beuteung jadi teu kaopan.

Leungeun ngusey istrikaeun. Ditilep jeung digantung. Bérés ngistrika masak nu teu olok bungbu, da Bapa mah teu réwél asal ulah loba gogoréngan. Tumis waluh jeung tim hayam jamur. Sangu beureum wé diseupan langseng, teu ku méjikom.

Bérés kabéh, kuring diuk dina korsi peuntaseun Bapa.

“Enok kakandungan deui Pa,” pok teh.”

Pa Garniwa melong, gogodeg.

“Teu tarapti atuh Nok, pan Adi gé leutik kénéh, salaki geus apaleun?”

“Teu acan, ngan pasti ngambek deui cara harita.”

“Enya keun waé dalah urang mah teu ngaboga-boga papastén, kersaning Gusti matak aya deui jabang bayi dina beuteung Enok ogé.”

“Badé dipasihkeun ka Bidan Cucu upami tos lahir.”

“Naha, bakal téga nyah?”

“Batan katalangsara? Bapa uninga kahirupan abdi kumaha.”

Pa Garniwa cengkat, ceg kana taktak,

“Da lamun seug Enok taya nu miboga mah, Bapa siap tanggungjawab kana sagala rupana,” pokna.***

Bandung Kaler, Juni 2020

Average rating 1.5 / 5. Vote count: 2

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: