Carpon, Emha Ubaidillah, Galura

Dongeng Pasosore

1
(2)

PANGGIH jeung hiji lalaki tengah tuwuh téh, pasosoré. Manéhna ngaku, cenah sok nyembah kana hileud bulu. Ari sugan urang sebrang, atawa urang tungtung dunya, ari pék geuning tatangga kénéh, nu imahna di tungtung lembur.

Manéhna ngaku deuih kumaha banggana néangan panganut ageman hileud bulu, sakitu geus aprukaprukan saba lembur saba gunung. Nya tungtungna panggih jeung kuring.

“Sakumaha nu dicaritakeun ku Bapa téh, bener kitu?” pok the panasaran.

“Wallohualam,” ceuk manéhna lempeng.

Harita manéhna keur ngocoblak perihal kiyamat suci, nu dina kayakinan sorangan mah kiyamat Kubro. Ceuk manéhna, ciri-ciri kiyamat suci mah dimimitian ku raplukna hileud bulu, ratusan rébu malahan jutaan. Malahan moal bisa kaitung. Asa untung, enya gé belangbetong solat. Teu kacaritakeun asana ciri kiyamat dina agama nu dianut maké jeung rapluk heula hileud bulu. Hiiiy.

“Tapi, Bapa yakin kiyamat téh bakal kajadian?” nanya teh daria. Jelema burununggul kelas rektor ogé boga hak didéngé omonganana. Komo ieu, ku kayakinanana mangeranan hileud bulu téh, naha gelo atawa ngalengkepan nu garelo sejenna.

“Apanan jelas tanda-tandana,” tembalna bari mureleng.

“Coba naon waé, Pa?”Manéhna ngaheruk, merong abringan sireum dina gawir solokan. Manéhna ngabirigidig.

“Urang lamokot ku dosa, urang lamokot ku dosa,” cenah.

Kituna lain sakali. Hideng leungeun nyekelan taktakna. Ngusapan lalaunan, manéhna bangun stres ku akibat ngalakonan dosa, pedah nyandung sembahan.

“Déwa Wedus wera pisan ka urang,” pokna, nambahan pilieureun deui waé. Déwa Wedus?

“Salila Pangéran urang teu nanaon mah, sigana nu ngaran manusa moal kitu-kieu, Pa. Pangéran urang leuwih kawasa batan para Déwa,” pok teh.

“Di dinya moal apal, mun Déwa Wedus téh sembahan kuring.”

Baca juga  Ngurek

“Har, ongkoh cenah tadi Pangéran Bapa téh hileud bulu. Ayeuna robah jadi Déwa Wedus,” rada protés.

“Urang meunang nyebut ku naon waé ngaran kajaba ngaran nu sabenerna,” kituh tandes. Heug atuh lah. Boa disebut Déwa Rinyuh, Déwa Silaru ogé bisa.

“Memang bisa, teu masalah. Asal ulah ngaran nu sabenerna wé,” ceuk manéhna surti. “Pangéran kuring mah cadu ambek ku pedah sebutan anu béda.”

Ngadenge omongan manehna kitu, sirah unggut-unggutan bari teu ngarti teh. Cenah ambek sotéh, mun urang ngagugunduk dosa. Utamana nu sok ngadaharan embé tangkal cau. Lah geus nambahan lieur yeuh tapi panasaran deuih.

“Embé tangkal cau téh mahluk pangsucina sabab tangkal cau téh tiruan langsung tangkal nu jadi di sawarga,” ceuk manéhna beuki pertentang. Jep, sakeudeung.

Leungeun teu karasa nyabakan karijut tarang.

“Di dinya apal teu, kana hiji tangkal nu aya di sawarga sakumaha ceuk kayakinan ageman di dinya? Mun teu salah denge mah tangkal buah holdi, nya?”

Ditanya kitu, ngahuleng nginget-nginget eusi caramah dina yutub, keur saterusna unggeuk.

“Ieu dunya téh, tiruan sawarga. Ngan baé Déwa Wedus kurang resep kana kasampurnaan, ku kituna dijieun wéh jelema, sato, tatangkalan katut ka alampada nu mirip jeung jagat aherat. Déwa Wedus terus nitiskeun dzatna kana hileud, maksud kuring nyatana embé tangkal cau. Kitu tah numutkeun kayakinan ageman hileud bulu mah.”

Ngahuleng deui, ngetrukkeun kainget, ngabanding-banding saaya-aya pangaweruh. Nu kagetna deui, naha ari manéhna ngayakinkeun kana ayana nabi kitu? Si Bapa langsung nempas,

“Saratus taun ka tukang nabi umat hileud bulu nimu kanyataan nu kacida matak hélokna.”

Saratus taun ka tukang? Geuning geus kolot ageman manéhna téh. Ah kétang bororaah kana ageman minculak kitu, ka tatangga ogé, kuring téh loba nu teu wawuhna.

Baca juga  Samping Kebat

“Kabéh jelema teu sieun ku nanaon. Ku guludug, urug, angina puyuh, banjir, racun, sasalad. Pokona hal nu ilahar dipikasieun, ku jelema mah hanteu.” Manéhna neureuy ciduh, ngahuleng sakedapan.

“Kajaba sarieunna téh ku hileud bulu,” nyarita teh bari ngaluarkeun gerem tina irung. Kaharti ari kitu mah.

“Jadi ti harita, nabi umat hileud bulu nyieun ageman hususna?” Tanya teh, manéhna unggeuk sababaraha kali.

Tapi gebeg teh, apan keur mancen mangbalanjakeun Ema, nyiar daging jeung endog di pasar. Gentak wé amitan. Manéhna katara sedih pisan.

“Kuring teu kungsi ngadahar hileud bulu bodogol cau ngan baé tilu taun ka tukang, tingpucunghul warga nu nyaroren parang jeung kampak. Maranéhna ngababadan dapuran cau tepi ka ledis. Ari cenah mah dina lahan-lahan dapuran cau téh baris dibangun kompléks ruko,” ceuk manéhna, saméméh sorangan ngaléos.

Ceuk manéhna, cenah sabagéan gedé ieu lembur téh ngagem ageman hileud bulu sok sanajan susulumputan. Alatan bisi dicoret beureum sabagé aliran sesat. Ageman hileud bulu mah cinta damey teu lalégég pamér kayakinan.

“Pan meureun di dinya gé nyaho kumaha mangpaatna gebog jeung bodogol cau; sok dipaké rakit ku barudak, sok dijieun bebedilan, sok digunakeun ituh-inih

“Daunna dijieun bubungkusan, jantungna disayur, geus puguh ari buahna mah.” Kadéngé kénéh we, manéhna ngagorah.

“Terus wéh balahi datang, nya?” ukur teteguhan. Teu disangka manéhna unggeuk bari ngébréhkeun pamulu bangbaungeun. Cenah, saurang-saurang warga téh mimiti aneh, aya awewe nu ujug-ujug ngarayap di para imahna. Atuh para lalakina kitu deuih ngan pedah ngarayapna di jalan.

Dialubaran éta gé, mercayakeun ka dukun urang peuntas. Cenah mah ukur kasarurupan stadium handap tapi teu calageur malah narambahan, tepi ka ampir salembur karitu petana téh. Jelas, ieu mah kiyamat suci téa. Pangpangna mah aya ka teu beresan ti saprak kajadian puluhan dapuran cau dicaremkeun.

Baca juga  Skandal Vandal

Manéhna ngalieuk. Sedih kawasna tapi teu katorah aya gurat ambek. Reugreug ku kitu téa mah. Adzan Magrib ngalanglaung, tangtu teu bisa maturan manéhna samemena sawatara pancen meuli daging jeung endog can kacumponan. Méméh, mengkol kana gang, ngarandeg saterusna malik.

“Ari nu ku Bapa, bieu dicaritakeun téh, bener?” pok teh rada nyorowok.

“Kateuing,” ceuk manéhna, siga padu engab biwir.***

Tegalluar 2020-2021

Average rating 1 / 5. Vote count: 2

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: