Carpon, Dédé Rostiana, Pikiran Rakyat

Buruan

5
(1)

MIMITI halodo, hawa tiris. Angin bangun nu anteng ngoconan jandéla. Rerekétan. Sorana mépéndé haté nu sadrah.

NYA kudu kumaha deui umur geus cueut ka wanci sareupna. Kapeurih geus liwat, bagja keur karandapan. Geus pangsiun mah nya tinggal cicing. Nungguan naon deui? Kari meresihan diri, sumerah bari niténan naha saha nu bakal datang. Nungguan malaikat rohmat wé. Sapanjang masih kénéh dibéré umur mah kudu bisa ngamangpaatkeun waktu. Sugan mangsa malaikat nyampeur téh keur kaayaan éling ka Gusti Alloh.

Kabeneran imah téh perenahna sisi jalan, sakapeung mah ngadaweung téh bari nyérangkeun nu lalar liwat. Niténan réngkak paripolah jelema nu rupa-rupa.

Saban poé teu jauh tina jandéla. Teuteup teu weléh museur, sakuriling patamanan buruan nu geus mintonkeun rupa-rupa kajadian.

Ayeuna tangkal manggah geus ngolotan, baheula téh gegenti tangkal léngkéng nu geus ti heula garing ngarangrangan. Boa jaga mah tangkal manggah téh angger bakal kasilih ku wangunan. Mangkaning Si Bungsu mah hayang wawarungan. Ngandelkeun salakina, asa kurang, cenah. Tuda kakara dosén honorér, jaba perlu biaya keur nuluykeun S-3.

Srangéngé meleték. Mukena kameumeut geus ditilepan nungguan lohor, leungeun geus biasa ngocomel tasbé. Teu bisa leuleumpangan rada jauh deui, éncok jeung asam urat geus remen nyaksrak. Mana komo sanggeus suku tijalikeuh, basa keur nyéboran kembang. Nyerina kabina-bina.

Kungsi uubar ka rumah sakit, rerep kanyeri téh ngan saharitaeun, sapanjang aya kénéh obat, geus béak mah karasa deui wéh. Jadi ngariweuhkeun anak incu. Dahar dihuapan. Sagala dilakukeun tina luhur kasur. Ngisedkeun suku nu cangkeul ogé kacida linu.

Tangtu hésé ka cageur da geus kolot, kudu leukeun digerak-gerak ceuk dokter mah, ngan kumaha da hésé. Ditarempo ku anak, incu, jeung minantu nu jauh ogé tingtorompot. Maksakeun datang ari kolot geus nandangan kasakit mah.

Sapopoé mah Si Bungsu jeung Si Cikal nu deukeut jeung getén néang téh, sok sanajan rejekina pas-pasan. Si Ujang mah nu panengah ngan ukur dua poé kawas nu teu betah.

Baca juga  Membincang Nasib

Tapi da cenah kudu gawé, komo pamajikanana mah mani jiga nu jarijipen waé, teu ngarampa-rampa acan. Untung wé boga anak awéwé. Bari rada boga waktu bisa nyelang ti pagawéanana.

Saha atuh nu hayang gering? Komo kudu dikaulaan mah, teu ngarareunah teu sing.

“Jung rék balik mah, Jang. Da boga kawajiban nu leuwih poko. Ema ihlas rido,” pok téh bari cimata murubut teu kaampeuh. Dalah dikumaha masing kasono ngagugudug kénéh ogé.

Manéhna nyiuman jeung nangkeup pageuh, anak lalaki hiji-hijina. Jugala pangalana. Ngaléos bari nyumputkeun beungeutna, tungkul.

Enya, lalaki teu kudu némbongkeun kasedih komo hareupeun anak pamajikan mah. Ihlas, Gusti! Bagja jeung syukuran boga anak soléh, biaya sagalarupana, ditanggung ku manéhna.

Mangbulan-bulan nangkarak. Ayeuna kakara bisa diuk di sisi jandéla dina korsi roda. Mun apal, yén harita bakal cilaka, meureun rék cicing moal ijigimbrang ngomé kembang. Nya…, anging Gusti Alloh nu maha uninga. Geus patokan, teu nyangka ti anggalna rék nandangan gering nu lila.

Asalna mah kuring téh pamujian. Salian sok remen ngaluuhan pangajian, masih bisa ka kebon, ngundeur, tamba kesel sok bari ngaroroték, atawa nempo nu nyawah. Malah kaduga kénéh ngulak paré jeung panyawah babagi hasil. Reueus ku ngémplohna paré.

Pangulinan kuring nu ceuk anak incu mah taya kamonésan jeung tinggaleun jaman. Kalah sok ngangajak ka mall jeung kulinér. Sok narah da teu ngarareunah abring-abringan jeung minantu, komo nempo paromanna nu kalan-kalan bangkenu mah.

Blus, aya mobil asup ka buruan. Ceuceu nu cikal geus datang deui. Murudul jeung santri-santrina, ngalongok caritana mah. Récét da santri laleutik kénéh. Sok dipecak hareupeun kuring, nalar rupa-rupa dunga jeung susuratan nu aya dina Juz Amma. Kabangbrangkeun kasakit téh.

Si Ceuceu mamawa buku ajang meunteun nu maca. Ceuceu mah kréatip, geus maraca, barudak téh sina baleberesih mulungan runtah. Dangdaunan mah sina diasupkeun kana lombang parantina, ngarah jadi gemuk. Runtah séjénna sina dipisahkeun kana wadah runtah nu sok diakut ku tukang runtah kana treuk konéng.

Baca juga  Gurat Kulawu

Mangsa Ashar kakara marulang. Amitan sanggeus solat berjamaah jeung santri-santrina.

Ceuceu teu boga deui pagawéan iwal ngurus santri jeung barudak ngaji. Kawinna ogé karék tilu taun bari umur geus tengah tuwuh. Moal boga budak meureun, mun ceuk saréat mah. Éta ogé meunang ngajodokeun tatangga.

Karunya kituna mah kawin pangpandeurina pada ngarunghal. Tapi geuning gedé milikna meunangkeun ajengan ngan umurna pangsiunan. Kuring jeung minantu téh pakokolot supa kawasna mah.

Tilu kali ngawinkeun teu kudu di gedung, dalah buruan imah sakitu legana. Parkir mobil tamu ogé teu jauh, kabeneran peuntaseun téh harita mah masih mangrupa sawah bera nu ayeuna mah jadi kilinik.

Nu bungsu nu pangheulana kawin mah. Jenatna hariwangeun. Alatan loba dipigandrung ku lalaki, pada marebutkeun. Di buruan garelut lalaki tiluan, horéng rék nepungan Si Bungsu. Béntrok, meureun.

Tiluan siliherengan pacéntal-céntal, laju papuket, abong masih rumaja gedé napsuna. Si Bungsu rawah-riwih. Antukna mah bapana nu misah.

Pamustunganana mah kawinna teu jadi ka nu tiluan, sakitu sina milih ku bapana da matak lieur. Nya pamilihna téh ka Usman, kasép ngalémpéréng kulitna konéng, jangkung leutik panonna sipit. Da éta resep kana filem koréa, meureun.

Buruan téh teu kungsi tiiseun. Salian ti Ceuceu nu sok maké buruan téh, guru PAUD ogé saminggu sakali sok rajeun ngajak murid-muridna ngayakeun rupa-rupa kaulinan jeung olah raga da sakolana heurin, cenah.

Komo sanggeus aya sasalad mah, loba nu maké buruan jang dialajar téh. Kaasup tatangga, loba nu ménta jadi tempat diajar luring, cenah. Kabeneran aya bangku handapeun tangkal manggah. Guruna bisa nyanghareup ka barudak nu dariuk ngampar bari tetep maraké masker.

“Asal tong barala wé urutna,” cekéng téh. Ngagarugu, mun teu kitu sarieuneun teu diidinan maké buruan deui.

Baca juga  BEBEGIG

Mangsa baralik sok rajin barang béré opieun jang kuring, padahal teu ménta, nya dibéré mah atoh wé. Guruna nya kitu nganuhunkeun.

Mangsa sariak layung, buruan simpé, haté bet sésérédétan. Jandéla geus kudu ditutupkeun. Sono ka nu panengah, Si Ujang. Sok sanajan sababaraha kali kungsi video call-an, beungeutna kokolébatan waé. Ngumbara di Jambi.

Can kungsi kaanjangan salila manéhna bubuara, ku jauh jeung mahal ongkosna. Padahal meunangkeunna mah budak tatangga ngan tugasna wé di ditu téh. Di kantor pertanian.

Bari sok ngebon kalapa sawit. Nya boga paleuleuwih téh meureun ti dinya. Sarua kawinna mah di buruan. Meunangkeun Ulis nu rancunit kembang lembur, anak RT.

Ku lantaran imahna leutik, tinimbang nyéwa gedung jaba mahal, nya kuring jeung bapana sapuk résépsi téh di buruan.

Atuh hajat téh lolobana ditanggung ku pihak lalaki. Keur mah RT kurang kabogana, ukur bulu taneuh, bari loba budakna. Nya kuring jeung salaki nu ngajeujeuhkeun.

Ari ayeuna kalah asa béda minantu téh, duka pédah geus kasipuh ku dunya? Jiga pindah pileumpangan. Basa ogé mani mamalayuan, cik di lembur mah da moal poho kana basa sorangan. Tapi kétang Si Ujang mah boa nyaaheun pisan, bagja wé meureun. Muga wé runtut raut sauyunan.

Saméméh jandéla ditutupkeun, rentang-rentang aya nu leumpang asup ka buruan bari tungkul. Jantung ratug tutunggulan. Naha teu salah tetempoan?

“Ujang…?”

Nu ditanya ukur angger ngeluk, semu aya nu disamunikeun. Muru kuring laju ngagukguk dina lahunan.

Sanggeus sababaraha lila, derekdek nyaritakeun kalakuan pamajikanana. Ngahianat. Asa tungkeb alam dunya.

“Kudu kumaha atuh, Ma?”

Kuring ukur bisa mencrong buruan, nu moékan. Teu werat nempo budak nu juuh cimata.***

Average rating 5 / 5. Vote count: 1

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: