Carpon, Evi Sulastri, Galura

Hariring Guneman

1
(1)

DIUK teh bari nangkeup harigu. Panon mencrong kana Pakét Pangajaran Basa Sunda Kelas XII nu ngagoler dina meja bari nginget-nginget omongan sobat sakelas urang wétan. Masih ngoncrang dédéngéeun.

“Sayah mah terus terang wé Yud ti saprak dibawa bubuara ku Bapa ti wétan ka Ciamis ayeuna, geus hayang geura bisa jeung ngabiasa nyarita ku basa Sunda. Geuning teu pati géséh bédana téh.” Kitu ceuk Triyanto nongtoréng.

Manéhna upama ngobrol maké basa Sunda bangun tipe pereket dibarengan ku logat lekoh pawétanan. Ari sorangan, nu kasebut urang Sunda ngarasa éra nyarita basa Sunda, asa kampungan ngomong basa sorangan téh. Komo saenggeus wawuh tur gaul jeung Bryan babaturan anyar urang Jakarta. Nyarita teh jadi mamalayonan direumbeuy légég ku kecap elu guwé. Pamikir asa leuwih gaya jeung kesanna modérén.

Rét kana buku pakét, rét ka luareun jandéla nu biasa leuir ditutupkeun. Bulan ukur kasawang gurilap cahayana di satukangeun carambang méga. Ngarahuh. Mun dibandungan di kelas, boh di luareun sakola boh di lingkungan sakola, Triyanto tipoporosé kaciri hayang bisa diajar basa Sunda, atuh Bryan tara ngaleungitkeun ciri has Jakartana.

Satengah taun ka tukang, wawuh jeung Bryan teh. Manéhna pindahan sakola ti Jakarta ditempatkeun di kelas kuring katambah natangga kahalang tilu suhunan.

“Imah kulawarga kagusur ku Proyék Mégataman puseur dayeuh,” ceuk Bryan basa mimiti panggih. Tangtu ku basa Indonesia nu has Jakarta.

Sanggeus wanoh pisan mah, sok pilueun nyebut elu, gue.

“Pan kuring boga Bibi nu perenahna peuntaseun lembur ieu. Anu nuduhkeun mun di ieu daérah aya nu arék ngajual imah jeung tanah-tanahna,” ceukBryan ku basa anu selapsékar.

Baca juga  Ngurek

Kajudi mun manéhna hayang nyaluyukeun kabiasaan di lembur jeung sakola kaasup metakeun basa panganteur. Ah teu hayang maké basa kampung téh, teu nyeni. Hiji waktu ka manéhna nyarita kieu geus wé maké basa Indonésia ambéh umum jeung pangpangna teu katara urang dusun meledug teuing, teu kaciri udik wé. Bryan kaciri kerung, hayang némbalan. Pas arék engab, gentak wé ngaléos ka kantin sakola.

Nya kitu deui waktu Bryan nanyakeun bag-bagan budaya jeung seni tradisi di lembur, rék ngabéjakeun téh bedo kapiheulaanku asa géngsijeung tinggaleun jaman. Heueuh atuh pira ketuk tilu, penca, jeung topéng, jaipong, calung, rebab naon agulkeuneunana.Kajeun bébéja teu nyaho wé ah atawa geus teu level.

“Di lembur Bryan mah masih diriksa kénéh seni hadrah marawis, lénong, topéng banjet jeung nu lianna deui,” ceuk Bryan beuki cékas basa Sundana téh.

Nah cacakan urang dayeuh bet teu ngagulkeun dugeman di café-café, music-musik cadas, atawa ngaroker pakereng-kereng urat beuheung ilahar pegaran kota gedé. Kalah ka ngagul-ngagul topéng banjet. Teu salah kitu?

Angin puhu peuting ngahiliwir seseleké kana reregan jandéla. Ngagerétkeun sada ketir éngsél karaha. Daun panto hareup ngageblug laun. Can cengkat ieuh tina pang diukkan. Adu hareupan jeung blakna buku pangajaran.

Ari nyobat jeung Triyanto mah kawilang heubeul pindahanana ti heula bareng asup sakola ka SMA, keur mah sabangku sasat geus asa ka baraya wé. Boh manéhna boh Bryan sabenerna tara geunggeureuhan ka nu ngalégég-légég basa Indonesia dina wangkongan. Triyanto gé kawas Bryan sok tetelepék perihal kabiasaan urang lembur kuring boh budaya boh senina.

“Lah geus taringgaleun jaman atuh, Tri,” tembal teh.

Baca juga  Buruan

“Kulo justru matak mindeng tatanya ka panjenengan téh, utamana ngeunaan basa. Hayang diajar supaya beuki lancar ari dipaké gunem catur mah. Kudu prak langsung, jaba nambahan kabisa jeung kanyaho. Kulo hayang neuleuman seni, budaya, katut kulinér nu aya di Tatar Sunda. Geus nyaho jeung bisa mah teu ieuh beurat mawana. Kulo jangji rék mikareueus ayeuna mah, da geus betah bumén-bumén di Ciamis,” ceuk Triyanto.

Jebi bari ngabalieur miceun beungeut ngadenge omongan Triyanto teh. Basa ngahajakeun ka sakola sanggeus jangjian jeung Bu Dina guru Basa Sunda. Sagokna téh nanya ku Bahasa Indonésia wé, sakumaha ti mimiti sup baréto.

“Bisa ngagunakeun sababaraha basa téh istiméwa jaba gedé mangpaatna sakeur bekel hirup.Mun ditapakuran sajero-jerona mah; ku basa nu dianggap teu pira mampuh ngadatangkeun perdaméyan sabalikna bisa ngaakibatkeun perang rongkah. Ogé ku basa, bisa ngabédakeun mana sasatoan, manaYudi,” ceuk Bu Dina.

Triyanto tungtungna sok tetelepék ka nu séjén. Samodél ka Huliyatun, atawa ka Anisa. Bryan oge nanya ku nu sejen. Ngan anu ditanya ku maranehna teh sok naruduhkeun ka kuring. Cenah kuring nu leuwih unggul kanyaho widang seluk-beluk kabiasaan seni budaya lembur mah.

Nya teu ngaleuleungit éta gé, meureun pedah sok remen maca. Boh bacaan di perpus atawa sakur artikel dina média sosial. Malah ka dieunakeun mah sok resep macaan artikel luar negeri. Ampir kaliwat wé bacaan Indonésia mah.

Buku pakét ditutupkeun. Goloyoh kana risbang. Ngabebengkang. Enya kétang, matak naon mun sagala ruruba tina ka teu reueus jeung panyacampah kuring sorangan dijieun cecekelan geusan leuwih daria kana mulasara sastra Sunda. Mun malik ngéwa tangtu naon béda jeung maranéhna anu teu reueus kana budaya, seni, katut kana basana.

Baca juga  Dongeng Pasosore

Lat poho di temah wadi. Lat kana wiwitan. Jiwa ngarumat, ngariksa salaku ciri urang Sunda bet teu natrat dina diri. Padahal sungapan anu diuyup kui kuring téh cinyusu Pasundan. Hawa nu diseuseupna hawa Sunda. Tapi naha bet taya kereteg agul dina jero haté ka nu geus ngamparkeun kahirupan. Sugan wé kuring ka hareupna mah aya kasadaran diri pikeun wanoh kana wiwitan.

Ras ka diri sorangan, naha kuring anu disebut pituin urang Sunda kalahka élodan ka kulon ka wétan, lain giak nanjeurkeun basa sorangan? Malah mah apanan sakuduna pancén émbohna lain ukur basa, budaya wungsul tapi kulinérna ogé contona.

Panon dipeureumkeun marengan lenggak sirah nyanda kana tumpukan guguling, karasa ngemplong rohangan dada. Sok komo hiliwir angin peuting bangbarung taun ieu nyulusup kana sumsum balung. Nyenyep tapi ngahudang sumanget. Malah karasa lir hariring indung nu ngusapan kebek kahéman.***

Average rating 1 / 5. Vote count: 1

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: