Carpon, Toni Lesmana, Tribun Jabar

Skandal Vandal

3
(2)

Sora karèta gumuruh ninggalkeun stasion kota Sungsang. Janari leutik. Azmi kaluar ti warung leutik hareupeun stasion, mapay jalan nu simpè tur cebrèk. Cileuncang tingkuyumbang. Azmi ngiciprit ngulon. Ngaliwatan lampu jalan demi lampu jalan. Awakna buni dijèkèt levis kuleuheu  jeung kupluk kelir bandèra Jamaica, ransel hideung naplok lebah tonggongna. Leumpangna semu bongkok badis kuya ti jauh mah.

Manèhna ngungkug teu nolih kènca katuhu. Kènca katuhu jalan, wangunan-wangunan talibra, jeroeun hujan mah nyeplès waruga-waruga anu morongkol di èmpèr-èmpèrna, nu morongkol ditilam kardus. Imah, ruko, toko, klinik. Rarèkèp, baruni. Saukur lampu-lampu terasna anu ditapuk siraru. Siraru nu laju marukplukan ninggangan waruga-waruga nu morongkol.

Azmi jol ngarengkog lebah pertelon, hareupeun wangunan badag paranti futsal. Rèt kana tèmbokna nu panjang tur jangkung. Beueus. Baseuh. Roda dagangan tingjalugrug, ngajajar, rancucut.  Siga jajaran pasaran.

Saurang bèncong nu lamèdong ngiuhan lebah tèras wangunan èta. Nyarandè kana gebyog, nyeuseup rokok nikmat kacida. Haseup roko nu kalan buleud kasiram cahya lampu nu ngagulantung tina lalangit tèras. Barang nènjo Azmi nu ngajanteng handapeun hujan jeung lampu jalan, jurungkunung nangtung. Jangkung badag, memener rok mini. Nu nyingsat kalah siga ngahaja leuwih disingsatkeun. Buukna panjang semu pirang ngarumbay kana dadana, nutupan kèlèk. Dungdak-dèngdèk. Cumentil, ngagupayan bari mèrè sun jauh.

Azmi mah, nu nangtung anggangna aya kana 3 mètèr tinu gugupay, anteng wè mencrong kekecapan tina sebrot cèt pilok nu ngarorocèt tèmbok wangunan paranti putsal. Huruf-huruf pulas hideung ngajareblag dina tèmbok bodas, lir hunyudan hileud bulu. Aya nu nulis sarupaning ngaran. Gambar sakahayangna.

“Hey! Ulah huhujanan bisi asup angin! Ke sini, dong! Mending masuk asyik!” nu gugupay katènjo semu gereget.

Ari Azmi kalah ngalaan ransel. Metot slètingna. Kolontrang. Sora botol. Anggur mèrah. Ditotor. Kontoyong ngadeukeutan nu gugupay. Botol diasongkeun. Ditampanan bari ngadilak. “Iiih, aku mah pingin botol yang itu.” Kitu bari semu rèk ngarawèl palangkakan nu laju ngalèngkah kana jajaran roda. Kalacat naèk kana salah sahiji roda. Dina leungeun Azmi botol nu sèjèn dikocok-kocok. Pilok. Sebrot-sebrot. Nyorètan tèmbok bari luluncatan tina roda kana roda. Ngagajleng lebah roda panungtung. Nangtung lebah aspal. Mundur sababaraha lèngkah. Neges-neges deui rocèt lebah tèmbok baseuh.

Baca juga  Dongeng Pasosore

Nagara saukur naraka! Horseh!-  Kitu ngajeblag ngèlèhkeun rocèt sèjènna. Teges lebah beueus. Azmi nyenyekel kènèh botol pilok, di blah wètan aya nu sarua keur nyerangkeun rocèt tèmbok, ngacungkeun botol anggur merah ku leungeun kènca, bangun isarah panuju. Azmi nyèrèngèh males ku ngacungkeun botol pilokna.

Sirine pulisi.

Azmi gentak ngasupkeun botol pilok kana ransel. Meuntas rurusuhan. Ti palebah tèras wangunan aya nu kiss bye laju notor botol. Hujan beuki ngerepan.

Mapay trotoar, jajaran toko, Azmi ati-ati ngalengkahan nu galemprah ditilam kardus. Saban aya rohang kosong lebah gebyog toko atawa tèmbok, gentak nyemprotkeun eusi botol pilokna. Ngarorocet nu geus rocèt. Kalan keketeyepan, kalan lumpat. Kalan depong. Ti trotoar ka trotoar.

Janari gedè. Awakna nu  geus jibreg anjog di hiji parapatan. Ngajanteng handapeun lampu patalimarga. Nitenan obahna pulas beureum, konèng, jeung hèjo. Ngarampaan eusi ransel, bangun keur ngaroris amunisi. Hiji dua mobil jeung motor tingrarandeg pareng beureum. Tinggalaur pareng konèng. Tingsalemprung pareng hèjo.

Nu galemprah lebah èmpèr jeung trotoar tingporongkol katirisan. Sawarèh silih tangkeup. Azmi gentak milu ngagolèr sabot mireng sirineu pulisi ngadeukeutan. Sèsèlèkèt milu morongkol. Kapireng ku manèhna nu nararoktok nahan tiris.

Sabot sirineu ngajauhan, Azmi cengkat, ati-ati ngalèngkahan nu tingporongkol, laju lumpat luhureun aspal meuntasan alun-alun. Leungeunna geus samagrèng deui botol, kènca katuhu. Tapis pisan nyemprotkeun kekecapan ka mamana. –Nagara saukur naraka! Hurseh!- ngajeblag di mamana. Kaasup dina tèmbok pager imah Walikota. Tempat panungtungan Azmi nyemprotkeun eusi pilok. Keteyep Azmi ngadeukeutan gerbang imah Walikota. Mèlèngè. Geblus. Pos Satpam kosong. Salingker Azmi ka pipir gedong nu agrèng èta.

“Tutup gerbang, hurungkeun deui cctv!” Walikota horeng keur nyerangkeun pakarangan tina jandela kamarna di lante dua. Nelpon satpam. Beretek satpam ti satukangeun tangkal palem di juru pakarangan, rikat nutup jeung ngonci gerbang.

Baca juga  Fragmen Hirup

“Kadè ulah hilap, sadaya cctv nu dipasang di saampar kota kedah diparios ogè. Bisi ieu mah.” Ibu Walikota, didaster carang pulas kembang ros beureum, ngarangkul tonggong Walikota, laun metot awak nu malaweung kana ranjang.

“Ulah hariwang. Moal aya nu apal. aparat jeung nu sèjènna geus dijejelan. Buni.”

“Nu utami mah si Sujangna ogè ulah apaleun. Bisi luluasan.”

“Moal, ari Mamah teu betus mah.”

“Kumaha deui atuda.”

“Enya. Kumaha deui.”

“Diolo sakola ka luar negeri gè apan kalah ngadat.”

“Tapi kuliahna aman?”

“Aman. Biasa wè siga mahasiswa sejenna. Teu aya laporan nu anèh-anèh. Rikip puguh. Lungguh. Eta nu matak pikahariwangeun pisan mah puguh gè.”

“Nurun ti saha atuh nya?”

“Ti saha deui.  Uyah mah tara tèès ka luhur. Bapana gè apan tilas aktivis. Nu aya pangidealisna wè merjuangkeun rahayat.”

“Tilas? Asa teu kitu-kitu teuing. Teu sosoranganan kitu. Teu minculak.”

“Teu kenging hilap kana sajarah.”

“Eta eusi cocorètanana nu matak hariwang mah.” Walikota bangun nyalènggorkeun obrolan.

“Ayeuna naon deui waè? Kamari mah apan naon nya, oh, anu –aparat jeung pajabat setan bungkeuleukan– tèa?”

“Ayeuna mah pondok.”

“Naon?”

Walikota ngasongkeun foto nu anyar asup tina WA.

“Nagara saukur naraka?” Ibu Walikota maca bari gogodèg.

“Paur.”

“Tapi apan kitu kanyataanana kanggo rahayat mah, sanes? Awas, ulah aya emutan ngaleungitkeun budak nyalira, siga kanu sèjèn-sèjèn.” Ibu Walikota nyerengeh. Laun muka daster.

“Moal. Malah rèk sina rada dramatis engkè mah, mèh si Sujang beuki resepeun. Asa enya. Sina kaperego, tuluy dibeberik heula.” Walikota laju nelpon ka ditu ka dieu. Sabot ngarasa tingtrim. Karèk ngalacat kana ranjang.

Baca juga  Joli

Isuk-isuk, Walikota nu geus saged rèk ngantor nyelang heula noong kamar budakna. Tibra kènèh disimbut kandel. Kupluk pulas bandèra Jamaica, ngagolèr dina meja belajarna. Baseuh kènèh.

Teu meuntas poè, guyur saeusi kota, majar ulon-ulon tukang ngarorocèt kota geus maceuh deui. Maceuh wae. Bèjana deui kota nu geus arèk meunang anugrah kota pangèndahna, bolayna alatan rocèt di mamana. Komo deui apan ieu mah kekecapan anu ngarorocètna gè sidik nyerang ka nagara.  Walikota gancang nyieun uar-uar di mamana bakal merangan katut nèwakan ulon-ulon vandalisme. Anggaran jang merangan vandal undak teu kapalang.

“Ieu lain saukur vandal. Ieu isarah baruntak. Mun perlu tèmbak di tempat! ” kitu Walikota, tandes jeung pertentang, hareupeun para aparat jeung pajabat Kota Sungsang dina siaran langsung ti hiji stasion tivi. Der, sumebar viral di media sosial. Tangtuna ti harita rèa kabèjakeun nu katèwak malah teu saeutik anu ditèmbak di tempat. Ahèngna jang pangeusi kota Sungsang, cocorètan nu ngarorocèt kota horèng teu manggih eureun.  Jebul deui-jebul deui.  Tapi nu baruntak geuning taya kuliatna. Anggaran wè nu kabejakeun tuluy undak teu kapalang. ***

Toni Lesmana. Lahir di Sumedang. Buku nu kungsi terbit, kumpulan carpon  Carita Lain Caritakeuneun. Buku puisi basa Indonesiana dileler Anugrah Buku Puisi Pilihan dina HPI taun 2020. Kiwari matuh di Ciamis.

Loading

Average rating 3 / 5. Vote count: 2

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!