Carpon, Emha Ubaidillah, Galura

Iuh-Iuh Pasir Dukuh

4
(1)

POÉ Minggu, ngantengkeun gas motor dina stélan nyerengseng alias ngebut. Tujuan mah rék ngalongok kolot nu kari sabeulah. Sok panasaran jagjag ku jagjagna, gering ku geringna.

Léok heula ka sababaraha babaturan, ngiluan ngabotram sisi gawir. Bada lohor mah becirwéh ka lembur, dimana puluhan taunka tukang kuring diborojolkeun. Sabot mareuman mesin motor téh, Si Jema jug nyorowok. “Tah, aya urang Majalaya. Kabeneran yeuh!”

Kuring pungak-pinguk bari nyolongkrong suntangan. Geus kalomaan kuring sadudulur ka indung téh nyebut Si Jema.

“Tuh aya Si Eulis, budak jenatna towa manéh. Inget kénéh, teu?” pok Si Jema deui, ti jero jul-jul para adi, nambrong dina lawang panto. Aya nu nyirintil, ema-ema ngora. Bodas beresih pakulitanana.

“Amang, ieu abdi Eulis téa,” cenah nampeu hareupeun. Meunang sababaraha jongjongan muterkeun heula uteuk ka alam lawas. Bréh, Eulis leutik mangsa nutur-nutur ngarit dina gawir Pasir Dukuh. Sakalieun kuring ulin ka nu jadi uwa, sok tara cicingeun ngadon mantuan ngalaparab domba.

“Eulis ieu téh? Geulis-geulis jadi karembu kieu. Mana salaki jeung barudak?” murudul ahirna mah tina biwir, balukar sono. Nu ditanyana mah nyeuleukeuteuk bari ngagabrug. Kacipta asa ka bapa atawa bisa jadi asa ka jenatna bapa kuring.

Si Jema ngahuit ngajak alanéprok di tengah imah bari ngagelendut; cenah Eulis ka kuring téh ulah nyebut amang pan sidik kapi adi.

Teuing sabaraha puluh taun lolongkrang teu tepung téh da jug ngagebray wé lalampahan baréto. Kungsi dicarékan ku indungEulis samulangna ngarit. Pédah dina karung jukut loba pucuk daun jeungjing.

“Nu kitu mah aya nu melak. Ulah sambarang ngarit!”

Kuring jeung Eulis ngeluk, rumasa salah. Belenjeng ka Legokséda, ka imah uwa kuring hiji deui. Eulis sok nuturkeun, hanjakalna téh sok diherengan ku Ceu Kokom, lanceuk misah indungna.

Baca juga  Néang Raratan

Atuh di Legokséda disénté, ana mulang dijiwir ku indung. Kuring nu kaéraanana mah. Asa mawa sial ka manéhna. Tungtungna sok tara betah ulin di Pasir Dukuh téh.

“Sok ka Legokséda kénéh Lis?” ceuk kuring. Nu ditanya gideug merekpek. Teu ngabibisani, da sidik jeung lanceuk teuakur ti baréto, manéhna téh. Bangga rék nyalahkeun itu-ieu gé. Si Jema jol ngagorolang ngariwayat nu ampir saratus peresén mah kasadap kénéh ku uteuk kuring.

Jenatna bapa remen pisan mamawa kuring sadudulur ka Legokséda, ka Pasir Dukuh, Pasir Cikaludan jeung ka nu ngaranna dulur. Mimindengna ka Pasir Dukuh, samalah sok moro ngéndong. Komo mun ninggang dina keur kariaan, nu nyunatan atawa nu ngawinkeun, bapa giak pangheulana malah sok tugur hawu mantuan mangnyangukeun. Jeung Eulis, conggahna pisan mangsa kuring keur di SMA, manéhna mah SD kénéh.

Harita mah teu engeuh kana urusan patugreng para uwa, lempeng wé blas-blus ka ditu ka dieu. Bapa Eulis téh lanceuk bapa kuring pisannu teu kahalang. Ngarangkepna ka indung Eulis téh ngadua kalian. Popotongan nu ngabati budak awéwé ti bapa Eulis, diurus ku uwa cikal. Budak awéwé téh Ceu Kokom téa. Kabeneran deuih, Si Uwa Cikal teu pisan boga turunan tepi ka sah-na ka alam kalanggengan.

“Ayeuna atuh urang ka Pasir Dukuh, Amang. Meungpeung pendak.” Eulis nyeletuk.

“Heug insyaalloh, tapi moal ayeuna,” ceuk kuring saenggeus ngagibrigkeun awak nu diléndéan ku manéhna.

Maju ka déwasa, kuring rada ngajauhan Si Uwa Cikal di Legokséda. Alatanana mah sok disindiran ku Ceu Kokom ku basa-basa nu nyarentug, samodél: “Wah nu deuk ngeduk pabéasan yeuh datang” atawa “Pakaya Si Ma Haji mah geus disértipikatan ku anak-anak Euceu.” Maksud Ma Haji téh taya lian Si Uwa Cikal, lanceuk cikal bapa kuring. Lamun bubudén Ceu Kokom ka kuring kitu, taya béda ogé ka budak-budak adina Si Uwa Cikal kaasup ka Eulis.

Baca juga  Budah

Nu leuwih ngenes mah remen kajadian para uwa téh sok pabentur paham ngeunaan harta-banda titinggal Si Uwa Cikal. Malah mun teu arasak jeujeuhan bisa paraséa. Ana diguliksik cukang-lantaranna mah nya padu engabna biwir Ceu Kokom.

“Apan sangkan rayi-rayi saanak dulur Si Uwa Cikal teu baretaheun nganjang, sukur-sukur karapokeun. Moal lunta-lanto deui kana golodog imah Si Uwa Cikal,” Eulis mairan dodongéngna Si Jema. Kituna bangun nu ngenes pisan.

“Eulis mah sugan kaképrétan piring-piring semplékna atuh. Da hanteu atuh,” manéhna humandeuar.

“Anggur sukur ku nu geus aya, Lis. Cenah Eulis téh maju muka konvéksi. Nanahaon maké jeung nginget-nginget kalangkang nu geus euweuh. Deuih, hadé goréng gé Ceu Kokom téh lanceuk sabapa Eulis. Isuk-géto mah nya amprokkan wé.” Dikitukeun téh manéhna kalah ngeundeukkeun taktak bari biwir handap dikawetkeun.

Nu matak kagét deuih, Si Uwa Cikal bangun haré-haré mun surat-surat pakayana dioprék ku Ceu Kokom sasat anak kukut. Mimiti sawah bahé ngalér Leuwimunding ngalayang, cenah dipaké waragad kuriak. Imah heubeul ogé anu awal-awalna dikontrakkeun, ngilu ngagelenceng alesanana rék dipakihikeun kana jagat. Éta téh imah pusaka beunang Si Uwa Cikal kalih carogé itikurih mangsa can ngajelema.

Uwa Cikal Istri kalih carogé ayeuna tos sumaré di gédéng Mantenna, nyakitu para rayina kaabus bapa kuring jeung bapa Eulis tapi duduluran jadi asa kapakan alatan talina ngajemprung ku perkara pakaya nu teu sabaraha. Baréto keur budak mah remen diabringkeun ka Para uwa, tepi ka aleut-aleutan mapay tanjakan Pasir Dukuh. Pating kurusuk dina iuh-iuh tangkal kupa, bencoy, pisitan atawa ngajulan buah dukuh mun pareng usumna.

Jeung Eulis remen tepung malah sok irid-iridan ka tonggoh mulungan buah huni. Jeung Pasir Dukuh téh harita mah teuing kulayeut. Mun sakola ngayakeun piknik bulanan boh ka Gunung Singa, Puncak Mulya, Pasirseguk boh ka Curugbéntang, geus pasti malibir heula ka jajalaneun Pasir Dukuh. Ras ka bapa, ras ka para uwa. Sakitu dokohna ngalayeutkeun duduluran téh, na ari kuring ayeuna. Bari jalan ka tonggoh ka lebak geus but-bat leucir, atuh kendaraan teu merlukeun unjam-injeum da sidik pada boga.

Baca juga  Ngurek

“Pasir Dukuh ayeuna mah jauh pisan bédana jeung baréto jaman Eulis keur bolon, Amang,” ceuk manéhna ngemu kahanjelu.

Geus pok deui pok deui wé ngaamangkeunana téh. Sabodo atuhlah kumaha genahna wé, Si Jema ngaharéwos. Eulis katénjo pisan sonona, teu béda ti perasaan kuring ayeuna. Bruy-bray lipetan waktu puluhan taun, ngageuri batin, ngahiliwirkeun ketir.

“Mang, Eulis badé ka bumi Amang. Wios teu sareng carogé ogé nya. Wartoskeun ka Si Bibi. Ukeun alamatna nu lengkep.” Ngagebray WA manéhna, sabot kuring nyemprung di jalan. Asa kamari kikilitikan, parawan leutik ceking nu galing muntang téh, ayeuna cenah geus rék incuan. Eulis, Eulis, aya ku hideng miheulaan niat kuring rék silih anjangan. ***

Average rating 4 / 5. Vote count: 1

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: