Carpon, Komala Sutha, Pikiran Rakyat

Monolog Dengdem

1
(1)

DINA petengna rohang kamar, ceuli Ma Uni mireng sora léngkah ngajauhan panto hareup. Sora sendal capit. Manéhna rumahuh. Peuting ngaronghéap. Teu weléh dibaluran rasa guligah saban panto imah ngarekét dituturkeun léngkah suku nu ngajauhan. Tingpucunghul kahariwang séjén dina implengan Ma Uni. Tur éta geus biasa. Sarif bakal mulang nyedek subuh laju saré di kamar hiji deui.

Isuk-isuk basa srangéngé mimiti meleték némbongkeun kageulisanana.

“Ma Uniiiii! Ma Uniiii, buka pantona, Maaa!” nu ngagorowok ti luar. Ma Uni nu keur nyampak di dapur hareupeun hawu, geuwat ka hareup. Muka tulak. Awéwé umur opat puluh taun, tatanggana, keur ngajanteng di tepas. Teu kawas awéwé-awéwé tatangga séjén, nu teu sarudieun unggah ka imah Ma Uni. Béda jeung Wawang. Manéhna mah remen nganjang, najan semet tepas.

“Si Jalu keur saré kénéh,” ceuk Ma Uni. “Aya naon deui, Wang?”

“Ngagujrudkeun deui, Ma. Ngagebug mojang nu karék mulang gawé ti pabrik. Tadi peuting, Ma. Abdi apal ti Johan bieu da sapeupeuting budak téh begadang di alun-alun jeung balad-baladna. Dita ngaran mojangna téh,” Wawang ngécéskeun.

Paroman Ma Uni robah alum. Kahariwang ngubeng dirina. Ma Uni ngageuri. Teuing geus sabaraha kali anakna kitu peta. Aya waé korban mun geus kaluar peuting saupama pasarangrok jeung jalma. Nu diburuna, jalma nu teu walakaya. Barudak leutik, awéwé atawa kolot. Tina sabagéan korban, aya nu sok datang ka imah Ma Uni. Nyarékan laklak dasar, laju teu euleum-euleum ménta parurugi. Ma Uni ngan bisa cirambay bari sanduk-sanduk ménta hampura.

Urusan ganti rugi ku duit, tangtu pamohalan. Keur kapereluan sapopoé waé, meuli béas jeung asin, nyasat ngadago hasil jujualan sampeu nu teu sabaraha. Kalan-kalan, dua anak awéwéna nu matuh di lembur séjén, tibang ngalongok. Teu méré nanaon da sasat kaayaan papada werit.

“Ma, Dita téh alona Bu Diah, kader désa. Kawasna mah, moal wani ménta ganti rugi ka Ema…”

“Barina gé Ema moal mampuh,” ceuk Ma Uni, semu dareuda. Biasana kulawarga korban nu meredih ganti rugi ogé teu datang deui. Tapi sakapeung ninggalkeun ancaman ka Ma Uni. Saupama Sarif milampah sarupa kitu deui, kaniaya ka batur, baris ditéwak ku pulisi. Ma Uni geus sumerah sabab taya nu bisa dilakukeun.

Baca juga  Nyervis Hate

“Tapi, Ma… Bu Diah ogé bisa waé moal bisa ngurus hak Ma Uni,” ati-ati pisan Wawang nyarita. Saenyana, manéhna ngarasa karunya pisan ka randa kolot malarat nu nyicingan imah pangbututna di tungtung lembur. Hak pikeun narima bantuan wangun matéri teu kungsi kaasaan. RT satempat leuwih milih méré lolongkrang ka kulawargana atawa tatangga sabudeureun sanajan lain kaasup penerima wajib atawa teu payus narima bantuan da sidik jalma bareunta.

Sedengkeun kulawarga masakat saperti Ma Uni teu katalingakeun atawa bangun ngahaja teu dibéré lolongkrang. Lain semet bantuan subsidi ti pamaréntah, tapi ogé sakalieun nguruskeun KTP jeung KK. Geus remen Ma Uni narima kateuadilan. Malahan mah disapirakeun. Pangpangna saprak sataun kalarung, Sarif gering pikir tur remen nyieun lampah ahéng nu matak pibahayaeun balaréa.

Ma Uni dumareuda. Haténa lir diturihan. Kadua anakna, anggang. Hésé pakumaha. Ma Uni kudu sadrah. Ngan ka Gusti Allah nyalindung. Sababaraha kali Wawang nitah Ma Uni sangkan meredih bantuan ka Bapa Kepala Désa. Keur waragad Sarif dirawat di rumah sakit jiwa.

Tapi Ma Uni teu boga kawani nepungan kepala désa. Manéhna éra najan saméméh Ridwan ngajabat, sababaraha kali unggah ka imah Ma Uni. Warga simpati tur reueus kana sikep calon kadés nu antukna sora masarakat tamplok ka Ridwan. Ma Uni teu poho kana kahadéan Ridwan nu remen méré sembako katut amplop eusi duit nu bisa dipaké mayar listrik mangbulan-bulan.

Suku Ma Uni nu teu disendal muru imahna. Kasampak di kamar séjén, Sarif masih ngaguher. Nyulusup rasa nyaah, deudeuh awor karunya nu sakitu jero. Katémbong dina kongkolak panon mangsa Sarif budak nu jigrah tur loba batur. Nepi ka rumaja. Nepi ka sababaraha taun ka tukang, anakna teu waé boga kasab tur hésé néang jodo. Sarif amitan. Miang ka Gunung Gegerpulus. Mangsa mulang, Sarif owah.

“Élmu kadugalan nu diteuleumanana teu nepi udagan!”

“Bener! Tah, saperti kitu saupama teu bisa museurkeun konséntrasi!”

“Enya, teu sangka, mulangna ti Gunung Gegerpulus téh kalah jadi gélo!”

“Kahadé… sok ujug-ujug buringas!”

Loba nu sieun ku Sarif. Manéhna lain ukur nganiaya jalma-jalma nu kaparengan perewis. Tapi ogé sok ngaruksak lingkungan sabudeureun nu dililiwatan. Kios-kios di alun-alun teu kapalang, jadi sasaran. Lembur teu aman. Sumoréang. Ringrang. Kabéh sarieun. Saréréa waswas.

Baca juga  Tangkal Kembang Kantil

Aparat désa laporan ka pulisi séktor. Semet dienyakeun saharitaeun. Keur maranéhna mah taya duit asup, urusan teu perelu diuruskeun. Poé ka poé, peuting ka peuting. Sarif teu robah. Malah mingkin pikahariwangeun. Kawas nu mibanda kakuatan supranatural mun pareng ngamuk tur saurang gé taya nu wani ngadeukeutan. Kaasup aparat désa. Kaasup préman-préman nu garedé sungut. Kaasup pulisi nu leuwih milih teu maliré tur ngantep Sarif kukulampréngan nyiptakeun kaguligahan ka warga.

Peuting harita, wanci sareureuh kolot. Panto imah ngarekét. Dipirig léngkah nu ngajauhan. Ma Uni geus ngagéléhé luhur pangsaréan. Manéhna lungsé nyorang poé tadi. Imahna méhméhan diamuk warga sabudeureun lantaran lampah Sarif. Ma Uni dipaksa ingkah ti lembur. Mun henteu, warga baris ngalakukeun sakarepna. Ma Uni niat isuk ngajugjug ka imah budak cikalna. Baris meredih milu nyiruruk sababaraha waktu mah nepi ka kaayaan aman deui. Tapi pamohalan Sarif diajak. Keur mah budak cikalna gé moal sudieun ngampihan adina. Ma Uni ditalikung kabingung nu pohara sabab kudu ninggalkeun Sarif sorangan. Di lain-lain gé, Sarif téh anak bungsuna. Anak lalaki hiji-hijina. Anak nu dipiharep bakal jadi pamuntangan.

Laju Ma Uni inget peuting saméméhna, kira-kira dua minggu ka tukang. Tengah peuting, awakna ngarasa beurat. Sarif keur nindihan bari leungeunna susur-sasar kana awak indungna. Teuing kakuatan ti mana, Ma Uni geuwat ngagulingkeun awak anakna. Laju mangprét ka luar ngagedoran imah Wawang. Muntangsaraya tur meuting di dinya. Saenyana, manéhna inggis kajadian kitu tumiba deui. Naudzubillahimindzlik.

Liwat tengah peuting, Ma Uni can ngarasa tunduh. Pikiranana museur terus ka Sarif nu teuing keur aya di mana. Miharep anakna teu milampah nu matak ngabarubahkeun deui. Ahirna mah panonna peureum, tibra najan dikeukeup guligah. Nyedek Subuh. Kuniang hudang. Ngaliwat kamar Sarif. Ngangluh pondok. Anakna teu nyampak. Sisinarieun, ceuk pikirna. Najan Sarif gélo, tapi sok mulang ka imah. Nepi ka wanci meletékna panon poé, Sarif teu aya mulang. Dumadakan haténa digugulung kahariwang. Bareng jeung sada sora panto imah.

Baca juga  Udin, Lebaran, dan Istri Salehah

“Sepeupeuting Sarif digugusur ku sakabéh préman jeung warga désa lianna, Ma. Sarif dibawa ka sisi bendungan,” Johan nétélakeun. Ma Uni nu awakna dibulen kabaya lalayu sekar jeung samping kebat saroéh, awakna ngadarégdég. Saméméh kapiuhan, manéhna néwak haréwos Wawang nu nétélakeun yén éta kajadian lantaran panitah Kadés Ridwan.

Wanci haneut moyan dina poé séjén, imah Ma Uni kebek ku nu ngagimbung. Loba nu hayang nyakséni layon Sarif. Dada Ma Uni ngaguruh, laju ngagolak pinuh amarah. Gologokna dengdem nu kakeueum jero. Ngolébat anak lalaki hiji-hijina nu digusur tanpa rasa kamanusaan. Awakna dibakutet tambang. Sanggeus dikaniaya warga, waruga nu geus teu walakaya téh dialungkeun jauh ka tengah bendungan Saguling.***

KOMALA SUTHA, sandiasma Komalawati, gumelar di Bandung, 12 Juli 1973. Nulis dina basa Indonésia, Sunda, jeung Jawa. Karya munggaranna mangrupa carita pondok (carpon) dimuat dina Majalah Manglé keur umurna tilu welas taun, sarta harita kungsi jadi juara harepan “Ngarang Carpon Alit Manglé”. Carponna, Cipanon Kamelang, meunang pangajén “Carpon Pinilih Manglé” édisi April 2010. Pangarang nu kungsi jadi wartawan Sunda Midang téh, tulisanna mangrupa carpon, cerpén, puisi, eséy, dimuat dina sababaraha média citak—boh koran boh majalah—di sakuliah Indonésia, ogé dimuat dina Utusan Bornéo Sabah Malaysia. Ka dieunakeun malah pirajeunan nulis dina basa Jawa. Sababaraha tulisan mangrupa cerita cekak (cerkak, carpon basa Jawa) milu ngeuyeuban majalah Jawa Djaka Lodang jeung rubrik “Jagad Jawa” Solopos. Pangarang nu kiwari nganjrek di Cililin, Bandung Barat téh, geus medalkeun puluhan buku. Sajaba puluhan antologi cerpén jeung puisi, ogé buku-buku tunggal, di antarana novel Separuh Sukmaku Tertinggal di Halmahéra (2018), kumpulan carpon Jangji Japati (2018), Cinta yang Terbelah (2018), Jago Kandang (2018), kumpulan carpon Geunjleung (2018), kumpulan carita misteri (carmis) Vila Aling, tur sababaraha novel nu medal dina platform Novelme,  Mangatoon, jeung Innovel/Dreame (2020).

 86 total views,  3 views today

Average rating 1 / 5. Vote count: 1

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: