Budi Riyanto, Carpon, Galura

Teu Meunang

0
()

“TAUN kamari henteu, piraku taun ieu moal deui atuh, A …?” ceuk pamajikan semu ngageuri bari jongjon ngarekuh bungbu keur nyambaraan tawés pangirim ti Kang Haji Malik. Disimpangkeun ku Jang Encé, pagawé Kang Haji, sakalian ngaliwat rék marudik jeung kulawargana.

“Abdi mah sanés mudik, A, pan unggal sasih ogé wangsul ka lembur. Hawatos ka ema upami teu dilongokan téh. Ongkoh pan abdi nu kaétang pangcaketna.Titos karurenan téh para putrana sadayana bur-ber ti lembur, marisah,” ceuk Jang Encé basa ku kuring ditanya, “Mudik, Jang?” Padahal kumaha onam anu rék marudik kana motor.

Si Bénih, anakna nu cikal, beunang dikupluk, djakét, jeung disapatu but, nyéngclé dina dus nu nyelap dina golowak hareup Supra Fit-na. Si Jahra, anakna nu panengah, nyelap di antara bapana jeung indungna nu ngais nu bungsu, sarua beunang ngajékétan jeung nguplukan, dikacamata hideung nu watangnawarna kayas, dikaos kaki maké sapatu tali nu mun katincakkeun sok hurung dibarung disada ek-ekan.

Di tukangeun pamajikanana kantong baju mani buncir pinuh ku eusi, ditalian kana awi dua guluntung beunang mageuhan kana beusi handapeun jok; minangka bahasi tambahan.

Boh Jang Encé boh pamajikanana sarua pada-pada nyoréndang kantong nu kembu maretet kawas nu sagala diasupkeun. Malah kantong nu disoréndang ku pamajikanana mah nepi ka dibakutet ku tali rapia, pédah beté alatan selétingna teu bisa disérélékkeun.

Dina kakait tukangeun tébéng ogé rantuy kérésék kénca-katuhu. Dina kérésék nu di beulah kénca mah katémbong rogok buntut tawés gararing kawas nu beunang ngéré.

Kitu téa mah pantes kudu bebekelan, ngaran-ngaran mulang ka lembur bari jeung rék rada lila, henteu ngan ukur rék ngadon silaturahmi wungkul.

Baca juga  Tangkal Kembang Kantil

“Kira-kirana moal diputerkeudeui kupatugas, Jang?” ceuk kuring rada ngaheureuyan.

“Wah, moal, A! Insya Alloh.” Walon Jang Encé tatag.

“Aamiin.” ceuk kuring, bari haté mah rada cangcaya. Lantaran sidik aya émbaran dipahing mudik. Mun kapegat ku patugas nu marudik téh bakal sina baralik deui. Anu neugtreug keukeuh maksa mudik baris didengda nepi ka saratus juta, malah aya ancaman jeung dibérok sagala. Piraku pangkat mentri heureuy nepi ka kitu mah.

“Pan abdi mah ngabantun éta tah, Adina dus.” ceuk Jang Encé bari nuduhkeun kana dus nu ditalian di tukang luhureun kantong nu kembung téa.

“Naon éta téh jimat?” ceuk kuring. Gurawil ngaitkeun kérésék tawés, pédah rada cangkeul da rada beurat.

“Ih, sanés, A buku Surat Yasin. Upami aya pamariosan ku abdi badé disanggemkeun badé matang puluh pun aki héhéhé…. Nu badé matang puluh mah moal diputerkeun, margi nu dilarang mah nu badé mudik. Leres, A?” ceuk Jang Encé bari rék dihélem.

“Baruk aki Ujang téh maot nyah?” ceuk kuring. Pikiran mah ngalayang, ngingetnginget béja maotna aki Jang Encé.

“Akina Si Éman, A. Héhéhé …. Opat puluh dintenna téh pagéto, nitip pang nyitakkeun buku Surat Yasin-na ka abdi.” ceuk Jang Encé alangah-éléngéh pédah ngabohongna kanyahoan. “Pun aki mah abdi gé teu terang-terang acan iraha maotna,” pokna deui.

“Is, tong ngabohong, Jang! Matak hapa kana ganjaran puasa.” ceuk kuring. “Nam atuh bisi kapeutingan!” Bari sasalaman teu poho ngeupeulkeun lambaran beureum. Méméh ngadius téh mani pok deui pok deui nganuhunkeun.

Bageur budak téh, hadé gawé turta teu bauan, akur jeung sopan. Ari ka kuring kacida miconggahna, sarua jeung dununganana. Sangkilang warawuhna téh kaitung can pati lila. Bet rada melang ku dua ku tilu ngawaskeun nu ngaléos téh, pangpangna ngareungeu sora motor nu semu kacida beurateunana ku momot. Hariwang dititah baralik deui deuih mun kapegatku patugas. Sidik nyebutkeun rék matang puluhna dibarung alangah-éléngéh, cacak ditanya kupantar kuring. Angot mun ditanya ku patugas nu samagréng ku alat jeung senjata, tangtu babari pisan kabiturna.

Baca juga  Nyervis Hate

“Ka jalan tikus wé ngalangkungna atuh, A!” ceuk pamajikan. Sorana kasaweur ku sora séndok sténles nu dipaké ngerukan bungbu beunang ngaréndos tina coét batu dikana-pisinkeun. “Réréncangan ogé nga-WA, amantos dugi ka lemburna. Sawios rada lami dugina ogé, utaminamah urang tiasa ngariung sareng Abah sareng Mimih, sareng Apa sareng Emah, sareng wargi-wargi sareng réréncangan sakola.”

Teu waka bisa némbalan, lantaran aya nu nyelek dina tikoro. Teu ngabibisani, tangtu pamajikan téh kacida sonoeunana ka indung-bapana katut ka dulur-dulurna, kawantu manéhna téh budak bungsunu arang pajauh jeung kolot sarta kulawargana. Nyaho pisan bubuhan imahna téh ngan kahalangan dua suhunan sanjan kaitung misah RT. Kari-kari teu mangkuk saminggu sanggeus dipihukum ku kuring langsung dibawa bubuara. Jajauheun cara Jang Encé mah nu bisa pulang-anting sabulan dua kali mulang ka lemburna, kuring mah ampleng-amplengan alatan katalikung pisan ku pagawéan. Indit poék datang poék, teu nyaho di panon poé téh lain ngan sakadar babasan. Turug-turug kapegat ku aturan ti pamaréntah, teu meunang mudik balukar tina mahabuna sasalad korona.

“A?” pamajikan ngalieuk tutas nagenkeun katél jeung nyetrékkeun kompor gas. Rérétna nembus jajantung, ngolongan haté ngarep-ngarep jawaban kuring. Tangtu kahayangna mah kaputusan nu matak pikabungaheun. Tuluy mencrong rada manteng, teuteup nu cureuleuk jeung bulu panon nu carentik, nu kungsi nohagaan wawanén kuring nyanghareupan lalaki nu kungsi rék ngahéroan manéhna. Najan rada nonggongan, ariti lebah cangkéng nu lenggikka luhur mah puguh keur rada murilit, ngabalukarkeun gundukan nu katuruban tungtung luhur celemék téh jadi nyeungseung. Jorojoy hayang ngarangkul, tapi sieun matak batal puasa.

Jadi kapikir rék nurutan Jang Encé, pesen buku Surat Yasin bawaeun mudikkeur akon-akon. Mundi jalan dipegat patugas rék dijéntrékeun yén lain mudik, tapi rék aya acara matang puluh. Ngan apan teu meunang bohong, jaba saha deuih nu maotna? ***

 260 total views,  1 views today

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: