Carpon, Galura, Ratna Ning

Srikandi Zaman Now

0
(0)

Panurang tèh geus ngamerdèkakeun diri, jadi wanoja-wanoja pilihan nu teu keueung nyanghareupan geletukna nasib, hirup nyorangan alatan nogèncang ngarangkepkeun diri na hiji beungkeutan rumah tangga. Batur mah moal ngarti, kabisana ukur nyecenèh ngalèlècè kana status urang.

SAJAJALAN raweuy slogan “Srikandi Zaman Now, kudu berdaya ulah daèk diperdaya. Cawokah Tapi Motèkar. Wonder Women Emak Super. Binangkit Matak Meulit” dina poster jeung spanduk. Marakbak ngararangkènan sisi-sisi jalan, raweuy di sagèdèngeun poster jeung spanduk sèjèn. Poster jeung spanduk nu antukna mah matak nyeuit.

Girimis mimiti badag, maturan motor nu ngahaja dimodif sangkan lumpatna tarik, lir ngajak balap ka hujan nu mingkin ngagebrèt. Balap jeung hujan, jeung wanci nu geus maju burit.

Lebah pertelon hujan rongkah pisan. Manèhna nempo poster Srikandi Zaman Now geus ngalèklèk kateumbag angin. Ngeureunkeun motor lebah warung pudunan. Teu kuat awak karasa ngadègdèg kabulusan.

Mesen kopi hideung sagelas. Am kana roti nu ngabarak na mèja. Nyarandè na tihang kai, mèh pasesedek jeung nu reuteum sarwa ngiuhan. Nyèrangkeun ka lebah poster gambar manèhna jeung saparakanca, keur seuri bari meureupkeun leungeun, neuteup matapoè lir nang tangan nyongkabna kahirupan.

Poster nu dijieun sanggeus deklarasi, tuluy diterap-terapkeun sapapanjang jalan nu kira katojo jeung aya lolongkrang. Harita mah asa ngagedur pisan sumanget tur tumuwuh harepan, panceg rèk nanjeurkeun ajèn-inajèn diri salaku awèwè lèngohnu hamo daèk dilèlècè jeung lemah.

“Sanajan urang borokokok gè tapi kudu ngabogaan ajèn diri. Kudu motèkar nèang jeung nyiptakeun lolongkrang pikeun ngaronjatkeun kahirupan urang, keur ngahuripan kulawarga. Utamana anak, didikeun, atikeun jeung tanggungjawab urang,” ceuk manèhna harita.

Baca juga  Budah

Sapuk. Mufakat. Satutas riungan bubar, nyongkab ngagedur harepan jeung sumanget anyar. Rèk paheuyeuk-heuyeuk leungeun pikeun ngaronjatkeun darajat hirup sangka nulah tigebrus kana durukan.

Ramè aweuhanana Srikandi tèh. Geus mèh-mèhan eksis. Ngan program nu dijieun can ngabukti hiji gè. Nu aya ti poè ka poè ngan ririungan jeung iinditan nu teu pati guna. Kabawa sibuk ngupahan guligah nu taya rèngsèna.

“Can cawengah lah. Heurin kènèh ku lèngkah. Bantuan heula nyieuhkeun popotongan nu haben nagen ngahèroan. Kaditu kadieuna euweuh kaluginaan. Dikukuntit ditututur, di intip dipapay-papay…”Ami masih kènèh mugen, alatan digaganggu ku popotonganana.

“Anteur kabur, Sri. Si Desta ngancam rèk datang ka imah. Padah geus beunang duitna sajuta. Ari tèmpo diajak ulin, Ruli mugen!” Ruli memetot leungeun.

Lain sakali kituna tèh. Lèah ku pangajakna. Asruk-asrukan ka mana mendi. Nyingkahan lalaki-lalaki nu ngudag. Kungsi dua poè teu balik. Ngadon poya-poya ngèndong di villa, meunang nipu ti lalaki nu jadi mangsana.

“Rul, eureunan atuh nipuan lalaki tèh. Manèh teu paur mun seug aya nu ngunek-ngunek, hèg ngala diri manèh. Leuheung mun saukur merkosa, kumaha mun seug tuluy maèhan. Siah èntè dipeuncit, dimutilasi, tuluy diasupkeun kana dus, dipakètkeun ka kolot. Kumaha tah?” Sri nyingsieunan. Ruli kalah ngabarakatak.

“Heu euh da uing tèh pakèt balanja onlèn nyah? Ihh, syerem siah nganèh mah hayalan tèh. Barina keun baè tuman. Ka lalaki-lalaki nu sok ngamodus tèh. Tipu sakalian. Teu nyahoeun pan urang mah Srikandi Zaman Now atuh. Kudu berdaya, ulah daèk diperdaya..,” sok kitu waè ngajawabna tèh. Nu hiji ieu mah sok loba èkol keur loba pamolah tèh. Pangjalingkakna. Pangcawokahna.

Baca juga  Ngurek

“Ihh, lain kadinya hartina Rul. Ulah daèk diperdaya tapi ulah merdaya, Kudu berdaya lain merdaya lalaki. Tapi ngaberdayakeun diri kana hal-hal nu positif, nu bisa ngaronjatkeun kahirupan urang sanajan lalagasan. Ngarah teu gumantung ka lalaki jeung pamèrèna. Ari èntè mah pan masih gumantung ka lalaki. Dibèrè ongkoh nipuan ongkoh. Tah di dinya, ajèn randa jadi handao tèh. Ku talajak urang sorangan nu motah,” Sri mindeng ngalelempeng jeung mèrè kamandang.

Mirna mah lain deui. Pagawèannana ngan ngagheureuykeun waè lalaki. Kabogohgunta-ganti bari, taya nu eucreug.

Antukna mah kalah ngagedèkeun Bringka. Bring ka ditu bring kadieu. Ngabulatuk sapopoè. Mèakeun waktu ku hal nu teu pati guna. Kadieuna kalah loba pacèngkadan jeung katimburuan. Dituturkeun karepna salah tumarima.

Hujan geus tinggal keprisna. Sri rungah ringeuh. Nguniang nangtung, ngitung jeung tukang warung. Wanci geus poèk. Hatèna jumerit. Gustiii… teu kaburu sholat-sholat acan. Naa kalah tepi ka kieu lalakon. Dua poè teu digawè, kalah nunutur karep nu teu eucreug.

Inget ka Neng Meli. Inget hapèna dipareuman alatan sieun guludug. Ngodok tas, nyokot hapè. Laju dihurungkeun. Sri ngagebeg. Panggilan teu kajawab aya tilu puluh dua siki. Sms kebek. Whatsapp pinuh. Mèsènjèr bareureum notipikasina.

“Sri di mana?” aya sapuluh kali ditanyakeunna tilu aplikasi pesennu bèda, ti sobat-sobatna.

“Sri balik kami rèk ngomong…..”

Mèsènjèr, whatsapp, sms ngabaralang panjang ti Ruli. Hatèna ngentab. Jebred WA diblokir. Mèsènjèr nya kitu kènèh. Nomerna diasupkeun kana daftar hideung.

Aya nu leuwih penting. Neng Meli. Nu nelepon aya kana duapuluh balènna. Hatè Sri ngarakacak nalika muka pesen pribadina.

“Mamaaahh….Neng lapar. Rèk ukeun ka Ema isin.”

Baca juga  Buruan

Hatè Sri ngaleketey.

Sri teu talangkè nyetater motorna sanggeus amitan ka tukang warung. Dius ka kulonkeun. Gas teu sirikna dipolkeun. Laju motor badis ditiup ku angin. Nyèrèpèt meulah jalan nu masih beueus ku cileungcang.

Poster Srikandi nu sawarèh ngalèklèk, lalumpatan gigireunnana. Tuluy ngahiang satukangeun manèhna. Lir lalumpatan jeung ngahiangna harepan-harepan hadè pikeun nanjeurkeun kaum nu sanasib jeung dirina. ***

Ratna Ning, lahir di Subang. Ngawitan nyerat taun 1994. Taun éta kénéh seratan munggaranna dimuat di majalah rumaja “KawanKu”. Seratan sanésna midang di Annida, Muslimah, Puteri, Ceria Remaja, fantasi Teen jrrd. Sajak Sunda sareng carponna dimuat di Mangle, Galura, Bhineka Karya Winaya (carpon Sunda). Taun 2014 Buku Antologi Carpon & Sajak Sunda “Gerentes” nu ditulis sasarengan, medal. Dina basa Indonesia carpon, opini & puisi dimuat di Tribun Jabar, Pikiran Rakyat, Republika, Kabar Madura, Medan Pos, Radar Tasik, Detik.com. Kantos janten Jurnalis di Tinta Hijau online (Nyepeng rubrik Sastra Budaya), desk writer & Jurnalis di Jabar Publisher Magazine & Online, Jurnalis di Lintas Pendidikan Indonesia & Infra Merah Online. Jurnalis di Kupas Merdeca sareng freelancer. Alamat blog ratnaning597.blogspot.com

Loading

Average rating 0 / 5. Vote count: 0

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!