Carpon, Emha Ubaidillah, Galura

Ngaput

Ngaput ilustrasi Budi Riyanto/Galura

0
(0)

Carpon Emha Ubaidillah (Galura Edisi II April 2021)

GAP kana papan mesin jait téh bet asa karék wawuh. Apanan sorangan téh ruruntuk karyawan konvéksi anu kungsi ngaraja-dunya di lembur kuring. Tapi apanan puluhan taun ka tukang, di mana harita mesin jaitna jaradul kénéh. Anu mimindengna diboséh ku suku atawa ditaplokkan dinamo.

Leungeun cug-ceg kana sapatu, jarum, tatakan halu-halu jeung ngorobét kana sakoci handapeun jarum.

“Piraku hilap deui mah, pan Bapa téh wedalan daéah anu jarago ngaput,” ceuk indung budak sabot ngajuringkang nyokot sodokan runtah. Sorangan ukur ngahéhéh.

“Sok atuh diajar-diajar ngaput ka Haji Endang. Ngarahaya bekel kaahlian mangsa isuk-géto manéh rarabi,” ieu mah ceuk indung baréto.

Surti mun harita kuring remen hulang-huleng sakalieun ngalelengkur di tepas imah. Surti deuih mun mangsa harita kuring raket jeung Tami, mojang kadeudeuh juragan konvéksi lembur peuntas. Haté téh sabil, saperkara beurat ku kanyaah manéhna, kadua perkara teuing ku teu wasa nuluykeun hahadéan ku lantaran asa neunggar cadas.

Curuk ngétéwél kana kelos kosong saterusna nyoba-nyoba ngagucrak-gucrak bag-bagan belah handapna. Mesin jait modern beunang ngahaja nyokot ti toko dua kali cicilaneun.

“Sok wé hirupkeun atuh, Pa!” ceuk indung budak nyelang nyorowok ti juru rohang, gesruk, gesruk kadéngé deui nyunyurung gagang sudukan cai.

“Keur Tami mah teu masalah Aa badé cepeng damel nanaon ogé, pentingna mah halal bari puguh garapanana,” ceuk Tami baréto, anu tumerapna ka sorangan ngalaman ngabrét ka Jakarta, lah-lahan rék kuli di hiji proyék bawa babaturan.

Intina mah rék ngabuktikeun ka Tami yén kanyaah sorangan ka manéhna téh lain ukur papaés biwir. Teu lila di Jakarta téh, ngaran-ngaran gawé kasengker ku kontrak. Rigidig wéh ngadatangan konvéksi Haji Endang anu kanjat ngahiap, balaka hayang bisa ngaput bekeleun jaga mun geus ngarumah tangga.

Baca juga  Joli

Teu kungsi bubulan ogé ngaput téh kasebut lancar. Ku Haji Endang sakalian sorangan dibéré hanca ngaput. Nyieunan pakéan barudak awéwé nu reunceum ku payét jeung asésori. Nu kagét téh, naha Tami tara ngontak deui? Ngahaja diunggahan, kalah sok disampakkeun bubudén kolotna anu teu ningtrimkeun haté kuring.

Curuk téh gap kana pét kontak warna héjo nu aya tulisan on. Sreng, sada mesin jait kadéngé lemes pisan. Kawantu barang grés atuh, karék dipaké sabulan ka tukang ku indung budak. Salambar kaputeun dirawél, diijir-ijir kelimanana.

“Ulah langkung ti sasénti Pa ngaput kelimna, tah,” ceuk indung budak, nyeureudeug nyampeurkeun, sorangan unggeuk bari ngaisarah sangkan manéhna nuluykeun deui ngepel ubin. Basa jempol suku diteueulkeun, kuring teu kontrol. Mesin jait ngajius cepet sedeng lawon kaputeun can merenah dina cocogan jarumna. Kuring ngagurubug. Reuwas.

“Tong bari ngalamun atuh Pa, barang damel téh!” indung budak nyelengkeung rangu. Atuda puluhan taun, karék deui nyekel mesin jait jaba mesin jaitna ogé mesin jait jaman kiwari. Uyuhan curuk jeung jempol teu kacocog ogé.

Buburuh ngaput di konvéksi téh méh-méhan bangkar da Tami dikawinkeun ka karyawan bapa manéhna. Sasat reuntas panyumanget atuh tapi indung ngagelendut, cenah diajar usaha ti kiwaritéh niatan keur maturan hirup nyambungkeun simsim umur ulah kaendagkeun ku Si Itu Si Eta, keur mah kawajiban nafsi-nafsi. Rék boga pamajikan rék hanteu angger usaha nyiar nafkah mah wajib. Piraku manéh jadi tukang baramaén onaman mah, kituh tandes. Kuring ngabirigidig.

Tepung jeung indung barudak nu ayeuna mah, kasebut geus ampir teu wawuh jeung dunya ngaput. Lian ti miceun panineungan mangsa reureujeungan jeung Tami ogé mumul gawé nyublek leungiteun pangliaran.

Da enya, gawé ngaput mah es tuning ngaborogod suku sorangan. Kitu ceuk pipikiran sorangan harita. Gap wéh kana dadagangan. Dagang buku, dagang barang, dagang hiasan, nu bisa diprakkeunana bari kekeleyengan saba lembur jeung masar saba kota.

Baca juga  Srikandi Zaman Now

Likurna taun rumah tangga, bari dihadiahan sajodo turunan, sorangan mulang ka kasab asal; ngagugulung deui mesin jait deui sok sanajan pamaén intina mah, indung budak.

“Kang, ieu aya proyék ngaput. Mun daék ngagarapna mah sok cekel ku Akang. Rekrut wéh limaan genepan pagawé mah,” ceuk RW Supri sataun ka tukang.

Méré order makluneun ti bos konvéksi padayeuhan. Sorangan teu gentak nyanggupan, alesanana mah can siap tempatna jeung can sayaga mesin jait keur nu rék bunuruh ngaputna. Sababaraha kali manéhna ngontak, meureun pusing nya job makluneun téh dipasrahkeun ka Nunung, peuntaseun lembur sorangan. Sorangan jeung indung budak antukna dialas ku Nunung.

“Teu masalah, Pa, balik-balikanan urang nunyekelna bahan kasita waktu jeung pikiran sok komo Bapa pan remen liar ka kota,” kitu ceuk indung budak, nyieun kacindekkan. Sorangan ukur unggeuk; sakapeung ngaheueuhkeun sakapeung deui mah asa hanjelu ku teu jadi bos maklunan.

Keliman dirarapih, tungtung kaputan dikonci ku jarum. Indung suku neueul lalaunan. Ari curuk leungeun katuhu neueul dina alat atrétan. Dereded, dereded, geleser! Berekah teu leuleuweungan ieuh nyekel mesin téh. Heuleut sababaraha poé ogé jug lancar.

Nu kagét ngadua kalian téh basa ngadéngé béja ti Titin, babaturan sakonvéksi baréto cenah Tami gering parna.

Naha bisa kitu? Ceuk kuring teu kebat. Titin kaburu megat, cenah mimitina mah ukur gangguan lambung lila-lila nerekab blas-blus baragem kasakit. Jadi wéh konflikasi tapi dedengkot tina sagala rupana mah museur dina kaganggu pipikiran.

Tami nguyung ti saprak brol ku nu cikal. Cenah butbet mikiran larsup duit maklunan, pausahaan konvéksina. Huleng jentul ku sikep jeung polah salaki nu mangsa bodoan ka dirina, pangpangna sok ngamangsa bodokeun diri manéhna nu dikoroméoh katimburu mangsa salaki liar ka dayeuhan remen bareng jeung para wanoja karier konvéksina anu malincreung hérang.

Baca juga  Gurat Kulawu

Tami ogé kudu narima kanyataan mun modal jeung kauntungan hasil konvéksina mandeg di pasaran, utamana kapendet ku buringkalan produksi-produksi luar negeri nu ngaburu sutlir tsunami. Tami nu ti keur parawanna babari ceurik alias épésan ku kanyeri ahirna nambru tug tepi ka hanteuna. Kabéhanana béja ti Titin, nu ngalalakon bari teu kalis ku ngingsreuk.

Ari sugan, ku ngaleuya dunya barana téh moal loba nyutnyet pipikiran, moal loba pipanyakiteun. Horéng sabalikna. Kitu ceuk sawangan sorangan nu remen ngangluh tepi ka ayeuna. Matak ngawayahnakeun ancrub kana buburuh ngaput deui gé awahing ku jangar ngudag-ngudag dunya nu teu bukti-bukti, ngabuah koleng dijieun ku sorangan. Tepi ka indung budak jeung ka sasaha téh sok nyebut kuring, malah aya kalana sok nyebut sorangan; étah téh balukar lendeng jieunan.

Kaputan mimiti dikeureuyeuh, ngelim ipis sapaparat sisi pisepreeun. Sakapeung loba nu kahelob, sakapeung teu kanyahoan mun seuseukeut jarum malicet ka luar.

Inget ka Tami nu didongéngkeun ku Titin, sorangan asa baluas tapiteu kurang-kurang mulihkeun deui kasadaran rasa syukur ka Mantenna. Nuhun syukur sorangan dipercaya kénéh, ngarawat umur, pangpangna dianugerah modal kadaék. Ampir satengah jam, ngelim pisepréeun rubak téh kakarak anggeus.

“Lumayan tah, Pa. Isuk géto mah, satengah jam téh bahan mampuh minimal ngaputlima lambar,” ceuk indung budak, katénjo jigrahna téh. ***

.

.

Tegalluar, 3/2021

.

.

Loading

Average rating 0 / 5. Vote count: 0

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!