Carpon Emha Ubaidillah (Galura Edisi IV April 2021)
TEUING geus tepi ka mana ieu léngkah sasat asa nincak asa henteu. Tatangga pada nanya mah cukup ku ngajawab rék ka ladang wé. Pada ngahalangan pada ngarejengan, taya nu manggapulia digiwar-giwarkeun kabéh.
“Masing kuat, masing sabar, nandangan ieu dodoja, Jumpa’i.”
Kitu nu kadéngé. Perbawa kiamat haté jeung pikiran, leumpang téh saungkedna indung suku. Asruk-asrukkan labas ka jero leuweung, nyao cucuk nyao rungkang teu sirikna di galey.
Rék kaliagé rék cucuk alimusa, rék daun ganas sabrang teu rék leuwih nyeri batan gudawangna ieu rasa. Dua héktar kebon anu keur haged-hagedna diolah ku cub ceb sawit selap jeung lalab-lumbrah nu karak renung sajeungkalan, asa nganaha-naha. Jauh-jauh lalampahan meuntas pulo, ngilu transmigrasi asa euweuh hartina.
Panon poé geus ménggok, padahal mimiti lunta ngagajlengan golodog téh sasat rebu-rebun. Demit ti pamajikan anu keur meuyeugeung alahbatan ti hudang ngajuru. Keun baé da aya dulurna maturan, kitu ceuk pangrasa kuring.
Nénjo manéhna, ujug-ujug ngusial likuran rasa, nyaah, watir, ceuceub, geuleuh jeung teuing nanahaon deui lah. Basa kalangkang panjang awak sorangan geus ngahiji jeung kedeplik hieum lemah, suku ngageduk kana batu lumutan. Teu pira gedéna mah paling duaeun domba bunghak, teu némprak teu bulenek. Kuring ngalacat keur saterusna ngalungsar.
Beuteung kosong anu buburukbukkan sajajalan kaéléhkeun kolengna pipikiran. Teu rék kitu kumaha. Sabeubeurang unggal poé ngadekeman ladang, indit subuh mulang siga subuh deui da geus teu témbong panon poé. Na ari kamari bet ngalaman burakrakkan rasa, mulang ka imah kasampak pamajikan ngajehjer teu éling-éling dina kaayaan tataranjang di tengah imah. Pokna saenggeus sadar cenah digadabah ku genepan lalaki, anu teuing ti mana jolna. Bumi alam asa runtuh, guludug untuy-untuyan. Rék ngumaha, ngumaha ka saha. Rék balesdengdam, balesdengdam ka saha.
Panon gular-giler, treup kana tangkal anu keur disarandéan gigireun batu. Panénjo nyalasar ka luhur. Kuring apal, tangkal jeung kembang nu kieu téh ngaranna kantil, tangtuna kantil leuweung.
Awak téh ngised, ana bréh tegalan satungtung deuleu. Geledeg leuweung musna, junggiring tatangkalan badag lus-les, malah diuk gé jadi cindekul dina hunyur buludru lumut. Sakurilingna jukut satuur selang-selang dapuran eurih. Ari sigana mah deuih, paselap jeung amparan tutuwuhan bayongbong.
Kuring nyengceling jauh ka ditu jauh ka dieu. Beuteung beuki kukurubukkan, karasa lapar ayeuna mah. Moal hadé, dicicingkeun mah. Pamohalan teuing aya dahareun patingsoloyong nyampeurkeun. Jung cengkat, mimiti lahaola ngaléngkah. Rét ka luhur, awang-awang téh hawuk teu puguh rupa.
Disebut meredong lain, disebut cangra lain. Panon poé nyao di mana, jumplukkan méga nu biasa masieupna, lapur. Leumpang beuki ngajauhan tempat tadi kuring andéprak. Beuki jauh-beuki jauh, karasana téh dampal suku geus jébrag. Sapatu bot gancang dipangpéngkeun, da kalah ka nyepét beuki linu.
Angkanan téh rék ngaso heula, atuda awak beuki lungsé sawatara jero beuteung beuki motah nunggu rangsoman. Gebut, ngabeubeutkeun manéh. Blak, nangkarak bengkang. Hawar-hawar sada nu rukat-rékot, sada pating gelendeng deuih teu puguh déngékeunana. Jung, cengkat. Naha geus di mana deui aing téh? Ana bréh geuning sisi lembur. Barakbak warung-warung sisi jalan, aleutan anu nyéréd roda.
Gebeg! Pangeusi lembur, nu nyunyurung roda, nyakitu anu keur ngadarigleu leumpang. Geuning rupa-rupa jirim, aya nu sirahna gedé ngaleuwihan awak siga Si Upin-Ipin, aya deui anu sirahna lembét nyelap dina dua taktakna. Aya deui anu pasangan suku jeung leungeunna saaruted tiba nélél. Kabéhanana teu maraké tutup orat deuih.
Beuki lapar teu katahan, eusi roda disidik-sidik horéng samodel roti. Lakadalah. Tapi kumaha carana, apan sidik kuring teu mawa duit sagoéng-goéng acan. Ari rék ménta, jelas moal harti kumaha cara ngomongna.
Pan ti tadi ogé didédéngékeun, weléh teu harti-harti sok sanajan kuring ngilu aub pagilinggisik ogé. Papaliwat jeung gukgok téh sasat papaharé, malah tadina mah curiga maranéhna téh euweuh mataan tapi kétang barolotot. Tariking lapar kacida, kuring nguliwed ka gigireun roda dorong.
Keun baé, da geuning halaré-haré ka kuring tah mangkeluk saaruted suku-leungeun téh. Kedewek weh kana bungkusan roti, berengbeng dibawa kabur. Moal gé barisaeun ngudag ceuk pikir, pira suku sajeungkal jaba beurat ku sirah. Roti téh dipurak, dihénggoy tepi ka peureum-beunta. Lapar pisan atuda kuring téh.
Sakéak gé, roti téh geus hijrah kana padaharan. Tapi teuing kumaha mimitina, awak kuring jug aya nu nyerek. Bréh téh jelema jarangkung badag, beredegul. Komo nu miting leungeun mah, ka kuring téh siga kana comro tepi ka teu bisa usik sauget-uget acan. Nu baredegul kadéngé wangwéngwong teu harti ngan anu kasadap ku lilinggeran kuring mah, cenah kuring téh bangsat andar-andar anu kudu dijagragkeun ka méja héjo. Bener wé, teu lila antarana awak kuring geus nyangkorah jeroeun saligsig golondongan tangkal kai.
Gusti, saumur dumelah kakara ngalaman jadi sakitan diobagkeun jeung sakitan séjénna. Ana horéng batur kuring di jero buian téh aya anu euweuh sukuan, aya anu euweuh leungeunan. Aya anu leungeun jeung sukuna sabeulah deuih. Kuring keur sawatara waktu mah bibirigidigan wé gawé téh.
Hadéna, pangeusi bui haré-haré, teu narik teu nakon. Heuleut sababaraha waktu, anéh deui waé. Naha ngaran kuring aya nu ngageroan.
“Jumpa’i Bin Sarkudih!”
Mimitina mah kuring teu wani tanggah, saperkara bisi lain ka kuring, kadua perkara soak wé, teu kabayang leungeun kuring bakal dipolonyonkeun buah hukuman maling roti. Tapi nu ngageroan beuki nampeu tepi ka tilu opat kalina.
Jumpa’i apanan ngaran kuring, atuh Bah Sarkudih jelas jenatna bapa kuring. Lenyap. Kana punduk, karasa aya anu ngaragamang. Nyah cengkat, bréh mahluk bedegul bosongot keur merong seukeut. Saterusna wakwékwok ngomong. Nyao teu harti, tapi kasadap ku pikiran cenah.
“Manéh dibébaskeun ayeuna kénéh, ku lantaran paménta karuhun manéh sékésélér pawétanan Priangan anu nyobat dalit jeung raja kula.”
Can kaburu nanaon, awak kuring di jungjungkeun hampang pisan. Keleweng dipangpéngkeun. Gorobas, guprak kana tangkal kembang kantil. Sajongjongan mah ngalupra, ngararasakeun lalinu satulang sandi. Pikiran sagancangna dipuseurkeun deui, uteuk jalan, lelembutan kumpul, lilinggeran ajeg. Geuning kuring geus nyampak deui dina batu lumutan gigireun tangkal kembang kantil. Jung cengkat, angkanan téh rék ngaprak jalan anu bras ka ladang tempat kuring ngokolakeun pangupa jiwa.
Ahéng pisan, horéng tangkal sawit geus jararangkung, pepelakan lalab lumbrah bruh-bréh malekar sawaréh mah meuhpeuy ku buahna, céngék, cabé, leunca, térong katut ka waluh léjét. Gok jeung anu keur ngagecruk nyieun balungbang leutik.
“Ieu lahan téh geus ampir tujuh taun dibeuli ku dunungan kuring.” Pok manéhna sanggeus hookkeun nénjo kuring.
“Meulina ka Nyi Sarkoni, asal Pagadén. Nyi Sarkoni pamajikan sodager sawit ti Rajabasa.” Kituh pokna deui.
Puguh asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Nyi Sarkoni téh apanan pamajikan kuring.
“Ari Ki Silah téh saha téa?” manéhna malik nanya.
Teu loba omong, ukur ngakukeun andar-andar anu keur nyukcruk dulur di pulo trans. Keur mah eukeur, kuring ka manéhna teu wawuh sama sakali. Ari ngakukeun ngaran mah, manehna teh Suranod asal tungtung wétan Pulo Jawa, cenah.
“Nyi Sarkoni rarandaanana ampir tilu taun. Alatan salakina ngiles teu pupuguh, tepikeun ka ayeuna téh geus dalapan taun cenah geuningan. Nya dikawin wéh ku sodager sawit ti Rajabasa téa,” cék nu ngaku ngaran Suranod malapah gedang. Kuring ngabedeb, paéheun ceta. ***
.
.
Tegalluar, Tungtung Bulan Kadua
.
.
Leave a Reply