Ade Sudrajat, Carpon, Galura

Si Kardun

Si Kardun ilustrasi Budi Riyanto/Galura

0
()

Carpon Ade Sudrajat (Galura Edisi V April 2021)

KURING dititah ku Pa RT ngaralat hasil rapat kamari. Wayahna, emang kudu mundur tina kapanitiaan zakat fitrah taunayeuna!” ceuk Si Kardun.

“Kitu, nya? Tapi, tadi basa balik barjamaah salat subuh, Pa RT mamaksa kuring kudu jadi pupuhu panitia zakat fitrah.Cenah mah hasil kasapukan rapat kamari,” jawab Mang Kohar semu heran.

“Enya, Pa RT pohoeun! Tuda. Emang teu hadir, lain? Emang mah da sok ngamo-morékeun kana pangogan Pa RT téh,” jawab Si Kardun, nganaha-naha ka Mang Kohar.

“Hampura, Jang Kardun! Lain ngamo-morékeun kana pangogan Pa RT, tapi Emang téh kajongjonan ngomé kénteng imah, balocor! Malahan kamar barudak mah kasurna nepi ka jibreg kaiirisan. Ruangan paragi ngaji barudak sarua deuih kaiirisan. Kitab jeung Qur’an ogé jibreg,” ceuk Mang Kohar méré alesan.

“Nitah batur atuh! Tong sagala dicabak ku sorangan, peupeuriheun mah di masigit sagala diborong ku sorangan, iwalti komat jeung adzan dina poé Juma’ah nu tara ku emang téh. Da sigana lamun euweuh jurusimpen mah duit koropak masigit ogé bakal dikeukeuweuk bari dipaké heula keur kapentingan kulawarga emang sigana téh,” ceuk Si Kardun beuki teugeug tur sinis nyaritana téh.

“Ah, tong nyarios kitu, Jang!Teu pisan-pisan Emang mah. Enya ogé hirup sangsara, Emang mah moal nepi ka wani ngagunasika duit masigit. Emang mah sagala ku sorangan téh rumasa teu boga keur muruhan. Atuh di masigit sagala ku sorangan téh ningan sakalieun Emang euweuh ogé cenah kalah paembung[1]embung jadi imam, sok komo ngawuruk barudak mah,” jawab Mang Kohar.

“Ah alesan éta mah. Nu puguh mah… Eu…eu…nu puguh mah Emang sieun ku Pa RT,Pa RW, jeung ku masarakat,” jawab Si Samin.

“Ké heula! Teu ngarti Emang mah. Nahamaké kudu sieunsagala? Apanan tadi subuh ogé Pa RT jeung Pa RW téh salat subuh barjamaah jeung Emang, iwalti Jang Samin jeung Jang Kardun nu tara katingali barjamaah subuh téh. Ti Pa RT jeung Pa RW pisan Emang apal kudu jadi pupuhu panita zakat fitrah téh. Jadi ari maksud Emang sieun ku Pa RT, Pa RW, jeung masyarakat téh naon?”

“Kieu Mang! Salila zakat dikokolakeun ku Emang asa can pernah kadangu diumumkeun ka masarakat. Sabaraha kintal meunang béasna, sabaraha jumlah meunang duit infakna, jeung saha waé nu narimana? Jeung Emang kudu daék ngahargaan ka pamaréntah.

Baca juga  Bukan Rokok yang Membunuhmu, Nak!

Emang mah asa can kabéjakeun setor béas zakat fitrah ka balé désa. Kuduna mah Emang téh geus dipanggil ku Pa Lurah da baha kana kaputusan pamaréntah. Untung Pa RT jeung Pa RW bageur masih nyaketan Pa Lurah sangkan ulah waka manggil jeung ngahukum kana kabahaan Emang ka pamaréntah,” ceuk Si Samin meni norostos nyaritana sasat bari nyésék-nyésékeun Mang Kohar.

“Jang, teu salah nyarita téh? Mana ogé kudu daék milu rotinan jeung ulah kabeurangan salat Juma’ah. Ieu mah kumaha atuh da, kana rotinan anti, salat Juma’ah datang pangpandeurina, ari balik pangheulana. Tah dina rotinan jeung méméh salat Juma’ah sok diumumkeun. Boro-boro duit zakat atawa duit koropak, lamun aya uaran ti pamaréntah ngeunaan program pikeun masarakat ogé sok diumumkeun. Sok dimana cidranaEmang ka masarakatjeung ka pamaréntah?” ceuk Mang Kohar, sorana angger leuleuy.

Si Kardun jeung Si Samin teu nyarita.

“Ngarah teu jadifitnah ka Emang jeung ka saréréa sok baca ku maranéh catetan zakat jeung infak di kampung urang!” ceuk Mang Kohar bari cengkat nyokot catetan buku zakat.

“Tah ieu buku nu kandel téh catetan zakat fitrah jeung infak salila lima kali Emang jadi panitia zakat fitrah. Kabéh catetanana aya di dieu. Ditekén ku Emang, Pa RT, jeung Pa RW. Tah ieu nu lima lambar kuitansi bukti setor zakatfitrah ka balé désa. Tah tempo, kuitansina diteken jeung dicap ku Pa Ulis!” ceuk MangKohar bari mikeun buku catetan zakat fitrah sangkandititénankuSiSaminsaparakanca.

Si Samin narima kana buku catetan.Ku manéhna ukur dibukaan bari dibulak-balik. “Lieur ah! Kumaha macana ieu téh?” ceu Si Samin.

“Kadieukeun ari lieur mah!” ceukMang Kohar bari nyokot deui buku ti Si Samin.

Mang Kohar ngajelaskeun catetan nu aya dina buku zakat. “Bisi jauh teuing tah ieu wé catetan zakat fitrah taun kamari,” pokna deui. Mang Kohar nataan sakabéh kulawarga jeung jumlah nu wajib zakat jeung beubeunangannana.”

Si Samin unggut-unggutan.

“Tapi hampura! Salila lima kaliEmang jadi pupuhu panitia zakatfitrah can pernah aya catetanzakatfitrah JangKardunsapiri[1]umpi. Jang Kardun mah zakat fitrah henteu, dibéré bagéan zakat teu narima. Kungsi ngambek ka panitia nu nganteurkeun bagéan zakat fitrah keur Jang Kardun sakulawarga. Panitia dianggap ngahina. Padahal panitia mah nyaah tur surti, mana JangKardun teu ngaluarkeun zakat fitrah ogé pasti keur dina kaayaan teu mampuh,” ceuk Mang Kohar.

Baca juga  Fragmen Hirup

Ngadenge caritaan MangKohar kitu Si Samin jeung nu séjéna ngajenghok. “Naha enya kitu, Kang?” ceuk Si Samin bari ngarérét ka Si Kardun.

“Geus lah montong loba ceramah, lieur! Kieu wé, Emang rék mundur moal tina kapanitiaan zakat fitrah téh? Masarakat mah geus hayang ngasaan diganti pupuhu panitia zakat fitrah téh. Tuh tempo ku Emang dina panto masigit, panto jamban umum, jeung di pos ronda rembél ku tulisan ‘Ganti Panitia Zakat’,” ceuk Si Kardun.

Emh, nepi ka nyieun tulisan samodél kitu sagala, ceuk Mang Kohar Kohar ngagerentes.

“Kieu wé atuh ngarah teu loba catur, nya teu nanaon ari ceuk Pa RT kudu kitu mah.Asal bener-bener kaputusan saréréa anu mariluan rapat kamari. Emang mundur tina pupuhu panitia zakat fitrah taun ayeuna. Ngan wayahna buku catetan zakat nu ieu mah moal waka dibikeun. Ku emang sorangan rék dibikeun ka Pa RT atawa ka Pa RW, bari rék sasadu ménta dihampura. Terus, saha atuh panitiana?” ceuk Mang Kohar.

“Tah ieu, kuring saparakanca!” ceuk Si Kardun ngajawabna bari édég.

“Nuhun atuh! Mudah-mudahan waé réngréngan panitiana ngarti kana tata[1]tertib hukum zakat tur amanah!” ceuk Mang Kohar ka Si Kardun.

“Naha ari Emang teu percaya ka kami saparakanca? Nganggap kami jalma bodo jeung tukang hianat? Ngadu’akeun mudah-mudahan amanah sagala?” ceuk Si Kardun teugeug ngajawabna téh.

“Ih, lain kitu, tapi…” Mang Kohar teu kebat nyaritanana, lantaran Si Kardun kaburu kaluar ti imah Mang Kohar bariteu pamit-pamit acan. Nutupkeun panto ogé teu sirikna dijelebétkeun.

***

BA’DA duhur, Si Kardun ngumpulkeun panitia. Manéhna mariksa buku catetan muzakki jeung duit infakna, dibaca meni telik.

“Bisi laleungitan atawa aya nu nyokot euy, tah duit infakna mah dibawa ku kuring!” ceuk Si Kardun.

“Ah, tong dibawa ku Akang, tunda wé dina koropak da moal leungit! Apanan ko[1]ropakna dikonci bari puguh catetanana ogé. Jeungna deui saha jalmana nu wani nyokot,masigitna ogé ditungguan beurang peuting ku saréréa,” ceuk Si Samin teu panujueun.

“Lamun kasieunan leungit mah, bawa wé atuh jeung béasna sakalian ka imah Akang!” omong Si Karom semu keuheul.

Baca juga  Srikandi Zaman Now

“Silaing nyungkun ka déwék? Geus montong loba nyarita siah! Maranéh mah bawahan kuring. Ketua ngabogaan kakawasaan. Rék kumaha waé, tuturkeun wé paréntah ti ketua. Bisi sarilaing sieun katempuhan, lamun aya nu nanyakeun duit infakna, bejakeun dibawa kukuring!” jawab Si Kardun nyereng.

Saurang ogé euweuh nu nyarita deui. Ngan Si Samin jeung batur-baturna ting karecewis basa Si Kardun geus kaluar ti masigit.

Kurang leuwih jam dua Si Kardun datang deui ka masigit. “Ayeuna bagikeun zakat fitrah téh, euy! Geus puguh catetan para mustahiqna, pan?” ceuk Si Kardun meniteges. “Samin! Umumkeun kana toa. Kanu encan zakat fitrah geuwatkeun, kituh! Jam tilu rék dibagikeun zakatna.”

“Ulah ayeuna atuh! Bisi lain isuk lebaranana. Dagoan heula pangumuman ti pamaréntah. Lain pan ceuk Akang ogé urang téh kudu taat kana uar pangajak ti pamaréntah? Lain bid’ah deuih ngabagikeun zakat fitrah wayah kieu téh? Apanan ceuk Akang kénéh ngabagikeun zakat fitrah mah kudu ba’da shubuh, lain ba’da ashar atawa ba’da magrib. Jeungna deui, sok tembrakeun heula duit infak jeung béasna urang itung. Bawa heula duit infak anu dibawa ku Akang tadi,” ceuk Si Samin.

“Montong laloba ngomong! Aing ketua, boga kawasa. Laksanakeun wé paréntah aing!” SiKardun nyentak, katempo keneh pabeasan di imahna geus kosong.

“Heh, aya ku teu lucu kalakuan téh. Ah, kuring mah kaduhung milu ngadukung, euy! Lamun kieu carana mah,” ceuk Si Karom jeung Si Samin haharéwosan.

“Montong haharéwosan siah! Hargaan, aing téh atasan sarilaing. Pupuhu panitia zakat fitrah!” ceuk Si Kardun nyentak ka Si Karom jeung Si Samin.

Si Samin, Si Karom, jeung nu sejenna garogodeg bari ngarasa dosa geus miluan ngabohong. Ka Pa RT maranéhna sapuk jeung SiKardun, ngabéjakeun Mang Kohar teu siap jadi pupuhu panitia zakat fitrah. Komo Si Karom kaduhungeun pisan daék dititah nulis “Ganti Panitia Zakat” dina lawang panto masigit, jamban umum, jeung pos ronda. ***

.

.

Cisurupan, April 20

.

.

Average rating / 5. Vote count:

No votes so far! Be the first to rate this post.

Leave a Reply

error: Content is protected !!
%d bloggers like this: