Carpon Komala Sutha (Galura Nomer 9 Taun ka-46 Edisi IV Juli 2020 Wuku Langkir, Asuji 1956 Caka Sunda)

Ngingu Tuyul ilustrasi Galura
Umurna mah geus tilu puluh lima Jang Hilman téh, tapi can diparengkeun boga jodo. Ari rupa mah, jéjér pasar, penampilan nya meujeuh wé da najan loba duit gé, manéhna tara hayang gunta-ganti pakéan nu aralus, paling sakali-kali ari rék ka ondangan.
“Bujang bulukan,” ceuk mojang nu ngaranna Ani waktu paamprok jeung Diah, sobatna, di warung Bi Iyah.
“Henteu ari bulukan mah, ngan…”
“Ngan naon?”
“Jomblo sejati,” tuluy nyikikik. Keur kitu norojol Nyi Romlah, randa méncrang, tuluy Asiah parawan kolot. Teu tinggaleun Ceu Wulan, biang gosip di lembur. Atuh, tuluy ramé masih ngeunaan Jang Hilman, nu can kawin-kawin. Tungtungna jadi bahan geuhgeuyan.
“Uing mah najan randa gé, kéla anan kudu meunangkeun Jang Hilman mah, enya gé uing jalma masakat…. Tapi da teu hayang boga salaki jegud hasil pulang-paling,” ceuk Nyi Romlah.
“Sarua abdi gé. Mending hirup nyorangan,” Asiah némpas bari jeung saenyana ngupahan manéh duméh nepi umur opat puluh, can aya lalaki nu ngelétan.
“Laaaahhh…. Ibi mah mun parawan kénéh siga Ani jeung Diah, moal diengkékeun rék ménta dikawin ku Jang Hilman,” ceuk Bi Iyah. Jalma éta mah sok tara puguh, sakapeung biluk ka Jang Hilman, di lain waktu pipilueun ngomongkeun Jang Hilman.
Nepi bada lohor, nu ngagarosip lain reureuh, anggur beuki ramé, nu ngagosi[ nambahan. Malah aya lalakina, jajaka ogé bapa-bapa. Nu dibahas masih ngeunaan Jang Hilman nu teu payu alatan pakasabanana teu puguh. Jegudna mah jegud, imahna gedong sigrong bari teu kaurus gé, mobil alus bari arang dikumbah gé. Duitna numpuk di bank. Pakayana patulayah acan warisan ti kolotna nu geus lila papisah.
“Tuda uing mah hayang boga salaki nu kasabna écés… bari jeung halal!” ceuk Ani kawas nu heueuh nyarita halal ari erok kotka pungsat di luhureun tuur. Kaluhuranana kaos ngepas pinarepna nu sagedé buah mélon kotka mucunghul, pikauruyeun lalaki nu nempona komo Ajat mah pemuda nu katelah cunihin éta kotka kumerot wé neu teup gunung kembar.
“Émang kasab Jang Hilma teu halal kitu?” tanya Kang Karta, duda nu disalingkuhan ku pamajikanana, nu jadi TKW di Saudi.
“Euh, ieu mah sok api-api teu apal,” Nyi Romlah ngagadeud.
“Aslina…,” Kang Karta gideug keur mah arang ngariung di warung Bi Iyah deuih. Warung nu katelah sumberna gosip. Nu untung mah nu boga warung, daganganna payu.
Keur kitu, ti kaanggangan katara Jang Hilman leumpang muru imahna nu nenggang, katingali pisan ti warung mah. Dua leungeun Jang Hilman meulit katukang, dua dampal leungeunna paadu, malah pataréma. Awakna semu moyongkod.
“Tuh, geus moyan jeung inguanana.” Ceu Wulan gadona nunjuk ka lebah kidul. Geus ibur yén Jang Hilman ngingu tuyul, matak jegud gé. Da teu boga kasab, gawé di imah, nyorangan. Kolot-kolotna mah di lembur séjén. Jang Hilman kaluar imahna téh paling wanci haneut moyan, leuleumpangan teu puguh. Ku barudak di pos ronda mah sok dioloan tapi da bageur manéhna gé teu kudu dipénta sok golosor wé. Teu hararayang teuing ngahakan ladang maling, kitu ceuk nu ijid mah. Ari pemuda nu keur mareujeuhna mah kalah ngagakgak, baé cenah nu penting teu diwadalkeun. Da jeung enya, can kareungeu aya nu maot sanggeus dibéré rejeki ku Jang Hilman. Saenyana deuih, di ieu lembur teu kacaritakeun aya imah nu kaleungitan duit teu pupuguh.
“Is, apan operasina lain di lembur sorangan, tapi ka lembur séjén!” ceuk nu ngécéskeun.
Jang Hilman asup ka buruan nu lega. Buruan nu barala, kalakay tina tangkal nu marurag, beuki minuhan buruan. Teu haateun nyapuan. Imahna gé teu kaurus. Keur mah ceuk Nyi Romlah, ari imah jalma nu ngingu tuyul mah kitu.
Paling saminggu sakali Jang Hilman indit nyetiran mobilna ku sorangan. Teuing kamana da miang isuk datang beurang, geus kitu blus deui ka imahna. Ngahéphép di jero.
Dina hiji poé dimana langit keur béngras, Asiah, parawan kolot diparengkeun ngajodo ka Jang Hilman. Moal dicaritakeun kumaha mimitina, da jol dirapalan wé di imah kolot awéwé. Geus kitu dibawa ka imah barala téa ku Jang Hilman.
“Nyai, hampura nya, imah Akang mah barala bakating ku Akang kalalanjoanan teuing usaha. Sugan atuh ari geus laki rabi mah, robah. Nyai mantuan meresihan atawa urang mawa lanjang ti lembur Ema,” ceuk Jang Hilman.
“Akang, keun sual bala mah, gampil. Ngan nu janten kapanasaran, naon ari kasab Akang sabab salami ieu urang dieu nyangka Akang…”
“Ngingu tuyul?” antukna Jang Hilman ngehkey. “Hemm… lain teu apal salila ieu ngagarosip malah mitnah. Keun waé, da létah mah teu tulangan. Ngan, ti semet ayeuna, wayahna Nyai teu kudu loba campur, komo jeung tukang ngagarosip, nu riweuh nguruskeun pakasaban batur, ari maranéhna sorangan teu aya kahayang nyiar kipayah!”
Sanggeus mangbulan-bulan laki-rabi, imah téh beresih, buruan teu barala. Atuh penampilan Jang Hilman rapih, mobilna ngagurilap da tara elat dikumbah. Asiah bagja boga salaki nu getol usaha bari tara nepi ka ninggalkeun ibadah. Usahana mah teu matak luut-léét késang, tibang anteng nyanghareupan léptop jeung nguyek dina hapé. Jualan onlén, payu pisan, unggal poé murudul pesenan. Batina gé sapoé nepi ka ratusan réwu. Barangna mah di tempat séjén. Sakali-kali kaluar kana mobil téh, éta keur ngecék barang nu rék dipakétkeun.
“Ulah kabiasaan éta panangan!” Asiah nyiku waktu salakina nyampaykeun leugeunna kana tonggong.
“Tuh… juragan tuyul duanana barijil rék moyankeun inguanana!” Ceu Wulan mimiti tingkecewis jeung Ani di warung Bi Iyah. Bari ngadagoan papadatukang gosip séjénna daratang.***
Bandung Barat, 2 Agustus 2019
Leave a Reply